Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 6 >> 

1Daud mepek deui balad, prajurit-prajurit beunang meting ti Israil, aya 30.000 jelema.

2Tuluy dicandak ka Baala Yuda, rek nyandak Peti Perjangjian Allah paranti nyambat jenengan PANGERAN Nu Maha Kawasa, anu linggih saluhureun mukarabin.

3Peti teh diangkat ti imah Abinadab di luhur pasir, dimuatkeun kana padati weuteuh, dikawal ku Usa jeung Ahio, anak-anak Abinadab.

4Ahio leumpangna heulaeun Peti.

5Sapanjang jalan Daud jeung urang Israil kakawihan bari igel-igelan, tanda ngagungkeun ka PANGERAN, dipirig ku sora kacapi, gambus, terebang, kenong jeung kecrek.

6Barang daratang ka tempat ngirik bogana Nakon, sapi anu narik padati teh labuh ngarampeol. Petina ku Usa gancang disangga ku leungeunna.

7Tapi GUSTI Allah jadi wera ka Usa dumeh gagabah henteu hormat. Usa maot di dinya keneh gigireun Peti Perjangjian.

8Nu matak ti harita eta tempat dingaranan Peres Usa. Daud ngangres manahna ningali Allah sakitu benduna ka Usa.

9Sarta Daud jadi sieuneun ku PANGERAN, nyaur sajeroning manah, "Ari kieu mah kumaha rek datangna ka aing ieu Peti Perjangjian teh?"

10Geus kitu anjeunna gilig, Peti teh moal tulus dicandak ka Yerusalem. Ku anjeunna disimpangkeun ka imah Obed Edom, asli urang Gat.

11Meunang tilu bulan ayana di dinya. Sajeroning kitu Obed Edom saeusi imahna meunang berkah ti PANGERAN.

12Aya anu nguninga ka Daud, yen sanggeus Obed Edom kacicingan ku Peti Perjangjian Allah saeusi imahna jadi meunang berkah ti PANGERAN. Seug Peti teh ku anjeunna dicandak ti imah Obed Edom, dicandak ka Yerusalem bari dirame-rame.

13Sanggeus digotongna meunang genep lengkah ku Daud dieureunkeun heula, sarta anjeunna meuncit sapi jalu hiji jeung anak sapi kabiri hiji, dikurbankeun ka PANGERAN.

14Geus kitu Daud ngigel kacida sumangetna, ngahormat ka Pangeran. Harita anjeunna ngan nganggo sarung pondok tina lenen, dibeulitkeun dina angkengna.

15Kitu cara anjeunna jeung sabangsa Israil nyandak eta Peti Perjangjian ka Yerusalem, bari salusurakan dibarung ku sora tarompet.

16Sanggeus eta Peti dibawa asup ka jero kota, Mikal binti Saul nempo tina jandela. Katingalieun Raja Daud keur igel-igelan ajrug-ajrugan kakalayangan kukurilingan. Mikal jadi cua manahna.

17Sup Peti teh dipernahkeun di jero hiji kemah beunang Daud ngahaja nyayagikeun pikeun eta kaperluan. Ti dinya anjeunna nyanggakeun kurban beuleuman jeung kurban panarima ka PANGERAN.

18Sabada ngahaturkeun kurban-kurban, Daud ngucapkeun berkah kalawan nyebat pajenengan PANGERAN Nu Maha Kawasa.

19Ti dinya jelema-jelema urang Israil teh, lalaki awewe dibaragi kadaharan. Unggal jelema roti sasiki, panggang daging sakeureut jeung kismis sababaraha guruntul. Geus kitu jelema-jelema teh baralik.

20Daud oge mulih ka bumi seja mendakan putra garwa. Mikal kaluar mapagkeun bari sasauran kieu, "Dinten ieu raja Israil parantos ngamashurkeun salira ku anjeun! Anjeunna parantos ditaranjang sapertos nu owah, teu aya kalingsem di hareupeun emban-emban para ponggawa karaton!"

21Daud ngawaler, "Igel-igelan soteh tanda ngagungkeun ka PANGERAN, anu geus ngersakeun Engkang ngagentos tuang rama sapala putra, jadi raja nyangking Israil. Ari tujuanana ngagungkeun PANGERAN mah daek bae masing kudu ajrug-ajrugan terus oge,

22jeung moal era-era ngapeskeun maneh leuwih ti kitu. Ceuk Nyai nista soteh, ari ceuk anggapan emban-emban mah malah mulya."

23Nepi ka pupusna ge Mikal binti Saul mah teu kagungan putra.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel