Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 7 >> 

1Raja Daud calikna geus di karaton. Ku PANGERAN diraksa diaping ti sakabeh musuh.

2Anjeunna ngalahir ka Nabi Natan, "Tingali, kaula parantos cicing di karaton tina kai kiputri, ari Peti Perjangjian PANGERAN ngan di jero kemah."

3Saur Nabi Natan, "Atuh mangga pidamel kumaha kersa, da putra teh disarengan ku PANGERAN."

4Tapi dina peutingna PANGERAN nimbalan ka Nabi Natan, dawuhana-Na,

5"Bejakeun ieu pangandika ka Daud abdi Kami, kieu, ‘Lain maneh jelemana anu kudu mangnyieunkeun gedong pikeun Kami teh.

6Kapan Kami teh, ti barang ngajait umat Kami Israil ti Mesir oge, nepi ka kiwari cicing teh lain di gedong! Salila apruk-aprukan cicing teh di kemah.

7Jeung sapanjang reureujeungan jeung urang Israil, ka para pamingpinna anu beunang Kami ngangkat, Kami teu menta dipangnyieunkeun gedong tina kai kiputri.’

8Mana pangbejakeun ku maneh ka abdi Kami Daud, kieu kituh timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, ‘Maneh teh dipulung ku Kami ti tegal, tina asal tukang ngajaga domba diangkat jadi raja nyangking umat Kami Israil.

9Indit ka ditu indit ka dieu, maneh ku Kami diaping-aping. Unggal maneh indit perang, musuh maneh ku Kami dielehkeun. Maneh ku Kami rek dijieun kamashur cara jelema-jelema anu kasohor di dunya.

10(7:10-11) Sarta umat Kami Israil ku Kami geus disadiakeun tempat, geus mararatuh di dinya jeung moal aya anu neungteuinganan deui. Enggeus sering maranehna ditarajang ku bangsa-bangsa anu barengis, ti saprak arasup ka ieu tanah. Tapi ti semet ayeuna mah moal deui. Kami jangji, maneh rek dijamugakeun, diraksa ti sakabeh musuh, jeung dibere turunan.

11(7:10)

12Di mana maneh mulang ti dunya ngahiji jeung karuhun, aya anak maneh saurang anu ku Kami rek dijieun raja, sarta karajaanana rek dikersakeun nanjung.

13Nya anak maneh anu eta, anu bakal mangnyieunkeun gedong pikeun Kami teh, sarta turunanana moal aya kandegna, terus ngadeg moal pegat-pegat.

14Ari Kami pijadieun Ramana, ari manehna bakal jadi putra Kami. Lamun manehna kapareng nyieun lampah salah tan wande ku Kami dihukum, sakumaha anak dipeperih ku bapana.

15Parandene kitu pangdeudeul mah ti Kami moal aya eureunna, moal dipegatkeun cara ka Saul anu ku Kami geus digulingkeun, supaya maneh jadi raja gantina.

16Turunan maneh moal aya pegatna, karajaan maneh bakal langgeng. Ti turunan maneh salawasna bakal aya anu jadi raja.’"

17Eta pangandika PANGERAN ku Nabi Natan diwartoskeun ka Daud.

18Ti dinya Raja Daud lebet ka Kemah PANGERAN, brek mando tuluy neneda, "Nun PANGERAN Nu Maha Agung, sayaktosna abdi saeusi rorompok henteu layak nampi sugri pangasih Gusti.

19Kari-kari ku Gusti bade dipidamel langkung ti kitu, nun PANGERAN Nu Maha Agung; Gusti parantos maparin jangji hal turunan abdi dina mangsa nu baris dongkap. Tur hal ieu teh ku Gusti parantos ditembongkeun ka abdi, hiji manusa, nun PANGERAN Nu Maha Agung!

20Naon deui atuh anu ku abdi tiasa disanggemkeun ka Gusti? Gusti uninga kana sagala kaayaan abdi.

21Eta sagala perkawis anu aragung, anu parantos diuningakeun ti payun ka diri abdi, estu parantos kitu pangersa sareng tujuan Gusti.

22Gusti teh estu agung, nun PANGERAN Nu Maha Agung! Teu aya sasami-Na! Ti kapungkur keneh abdi sadaya terang, mung Gusti anu jumeneng Allah.

23Di dunya teu aya bangsa anu sapertos bangsa Israil, anu ku Gusti dijait tina harkat badega batur lajeng diangkat jadi umat kagungan. Sugri padamelan Gusti anu sakitu araheng sareng aragungna, parantos kagurnita ka saalam dunya. Ti wangkid dijait ti Mesir sareng dijadikeun umat kagungan Gusti, ana maranehna maju, bangsa-bangsa sanes katut allah-allahna ku Gusti disina nyalingkir.

24Urang Israil ku Gusti didamel jadi milik kagungan Gusti salalanggengna, sareng nya Gusti, nun PANGERAN, anu jumeneng Allah maranehna.

25Dupi ayeuna, nun GUSTI Allah, sugri jangji Gusti perkawis diri abdi sareng turunan, kitu deui sugri perkawis anu parantos diandikakeun tea, mugi-mugi diyaktoskeun.

26Kalayan pajenengan Gusti mugi pada ngagungkeun sareng teu petot-petot disarebat ku jalmi-jalmi, ‘PANGERAN Nu Maha Kawasa jumeneng Allah di Israil!’ Sareng mugi Gusti kersa ngalanggengkeun karajaan turunan abdi.

27Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, abdi kumawantun ngunjukkeun ieu panuhun ka payuneun Gusti, reh eta sugri perkawis ku Gusti parantos diwartoskeun ka abdi, gandek Gusti, sareng ku Gusti parantos ditimbalkeun yen turunan abdi bakal jarumeneng raja.

28Saleresna pisan Gusti teh Allah, nun PANGERAN Nu Maha Agung! Gusti tangtos moal udar jangji. Pangandika Gusti sipat satuhu. Gusti parantos ngajangjikeun eta sagala perkawis ka diri abdi.

29Mugi berkahan turunan abdi, sing tetep tumetep aya dina aub sih kurnia Gusti. Nun PANGERAN Nu Maha Agung, Gusti parantos jangji kitu, abdi percanten rahmat berkah Gusti moal pegat-pegat ka turunan abdi salalanggengna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel