Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 8 >> 

1Hiji mangsa Raja Daud merangan deui urang Pelisti, sarta ku anjeunna ditalukkeun, nepi ka eta bangsa teu bisaeun deui sakama-kama ka tanah Israil.

2Geus kitu anjeunna nalukkeun urang Moab. Jelema-jelemana dibaroyong jeung dipanjara, sina ngararingkuk dina taneuh, sarta saban-saban ti tilu urang, anu dua dipaehan. Satuluyna urang Moab jadi bangsa patalukan anjeunna, diwajibkeun mayar upeti.

3Sanggeus eta anjeunna ngelehkeun Raja Hadad Eser bin Rehob ti Soba, hiji nagara ti tanah Siria, waktu eta raja keur di satengahing jalan rek nanjeurkeun deui kakawasaanana di wewengkon Walungan Eprat girang.

4Baladna anu beunang ku Daud sarebu tujuh ratus anu tarumpak kuda, jeung dua puluh rebu serdadu leumpang. Ari kudana ku anjeunna dirampas sacukupna keur narik saratus kareta perang, sesana kabeh dicacadan.

5Urang Siria ti Damsik ngirimkeun bala bantuan arek nulungan ka Raja Hadad Eser. Tapi eta oge dielehkeun, sarta baladna anu tiwas kasambut ku anjeunna aya dua puluh dua rebu urang.

6Daud nempatkeun pakemahan-pakemahan militer di wewengkon maranehna, sarta maranehna jadi patalukan anjeunna, dikeunaan upeti. Di mana-mana Daud ku PANGERAN dikersakeun unggul bae.

7Daud ngarampas kepeng-kepeng emas anu diparake ku para gegeden Hadad Eser, dicandak ka Yerusalem.

8Ti Betah jeung ti Berotai, dua nagara anu dirajaan ku Raja Hadad Eser, anjeunna nyandak parunggu loba pisan.

9Perkara elehna Hadad Eser sabaladna, kadangu ku Raja Toi ti Hamat.

10Eta raja tuluy ngutus Yoram putrana ngintun salam ka Daud, ngawilujengkeun ka anjeunna geus iasa ngelehkeun Hadad Eser, sabab Hadad Eser sering pisan merangan ka anjeunna. Sajaba ti kitu Yoram nyanggakeun barang tina emas, perak jeung parunggu.

11Eta barang-barang ku Daud disucikeun pikeun paranti babakti ka PANGERAN, dihijikeun jeung emas perak kengingna ngajabel ti bangsa-bangsa anu dielehkeun ku anjeunna, nya eta ti:

12Edom, Moab, Amon, Pelisti, jeung Amalek. Barang-barang anu dirampas ti Hadad Eser oge dihijikeun jeung eta.

13Sanggeus ngelehkeun urang Edom di Lebak Uyah nepi ka dalapan belas rebu balad Edom anu tiwas, Daud beuki kamashur bae.

14Di sakuliah tanah Edom anjeunna nempatkeun pakemahan-pakemahan militer. Urang Edom jadi patalukan anjeunna. Di mana-mana Daud ku PANGERAN dikersakeun unggul.

15Daud ngereh sakuliah tanah Israil, sarta anjeunna kacida ngajagina supaya iasa adil palamarta ka rahayat.

16Ari panglima perangna Yoab putra ibu Seruya. Papatihna Yosapat bin Ahilud.

17Imamna Sadok bin Ahitub jeung Ahimelek bin Abyatar. Paniterana Seraya.

18Kapetenganana Benaya bin Yoyada. Putra-putra Daud jaradi imam.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel