Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 11 >> 

1Sasumpingna ka Yerusalem, Rehabam ngumpulkeun prajurit anu panghadena ti kaom Binyamin jeung kaom Yuda, saratus dalapan puluh rebu urang, rek merangan kaom-kaom Israil kaler, pikeun ngarebut deui kakawasaanana.

2Tapi aya timbalan PANGERAN ka Nabi Semaya,

3anu kudu ditepikeun ka Raja Rehabam jeung rahayat kaom Yuda jeung Binyamin. Dawuhana-Na,

4"Ulah merangan ka Israil dulur sorangan. Maraneh geura baralik bae. Kajadian kieu geus pangersa Kami." Maranehna narurut kana timbalan PANGERAN, teu tulus merangan Yarobam.

5Rehabam tetep calikna di Yerusalem. Kota-kota di wewengkon Yuda jeung Binyamin ku anjeunna dibentengan:

6Betlehem, Etam, Tekoa,

7Betsur, Soko, Adulam,

8Gat, Maresa, Sip,

9Adoraim, Lakis, Aseka,

10Sora, Ayalon jeung Hebron.

11Unggal benteng dicekel ku hiji panglima, lengkep jeung bebekelanana, bahan dahareun, minyak jetun, anggur,

12kitu deui kepeng jeung tumbak. Ku jalan kitu anjeunna tetep ngawasaan wewengkon Yuda jeung Binyamin.

13Ti sakabeh wewengkon Israil, para imam jeung urang Lewi parindah ka Yuda, wewengkon kidul.

14Urang Lewi nepi ka cul sampalan cul tanah, parindah ka Yuda jeung ka Yerusalem, lantaran ku Yarobam anu geus jadi raja di Israil jeung ku pigantieunana teu meunang terus jaradi imam PANGERAN.

15Malah-malah Yarobam geus ngangkat imam-imam gantina, sina manghuluan di tempat-tempat ngabakti ka brahala, kudu ngabarakti ka jin-jin jeung ka arca-arca anu dirupakeun sapi beunang anjeunna ngadamel.

16Rahayat di unggal kaom Israil, anu enya-enya sejana ngabakti ka PANGERAN Allah Israil, marilu pindah jeung urang Lewi ka Yerusalem, harayangeun tetep bisa ngurban ka PANGERAN, Allah karuhunna.

17Atuh karajaan Yuda jadi tambah reugreug dibantu ku maranehna meunang tilu taun. Hirup maranehna tetep sakumaha keur waktu dirajaan ku Raja Daud jeung Raja Suleman.

18Rehabam garwaan ka Mahalat binti Yerimot bin Daud. Ibuna Mahalat nya eta Abihail binti Eliab, putu Isai.

19Kagungan putra pameget tilu: Yehus, Semarya jeung Saham.

20Garwaan deui ka Maaka binti Absalom, puputra opat pameget: Abia, Atai, Sisa jeung Selomit.

21Geureuha Rehabam kabehna dalapan welas, parekanana genep puluh. Ari putra-putrana dua puluh dalapan pameget, genep puluh istri. Ti saantero garwa jeung parekan, Maaka anu pangdipikacintana,

22sarta asihna ka putra anu jenengan Abia leuwih ti ka putra-putra lianna, nepi ka dicadangkeun baris jadi raja gegentos anjeunna.

23Kalawan wijaksana Rehabam maparin rasa tanggung jawab ka putra-putra anu pameget. Pala putrana dipencar di kota-kota anu dibenteng di sakuliah wewengkon Yuda jeung Binyamin, sagala kaperluanana disayagikeun sacukupna, malah dipanglamarkeun pigarwaeun loba pisan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel