Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 15 >> 

1Roh Allah sumping ngauban ka Asarya putra Oded.

2Asarya ngadeuheus ka Raja Asa, tuluy unjukan tarik, "Kangjeng Raja! Kitu deui aranjeun urang Yuda jeung Binyamin, reungeukeun! Sapanjang Kangjeng Raja tumut ka PANGERAN, ku Mantenna tangtos disarengan, ana Mantenna dipilari tangtos Mantenna mendakan. Sawangsulna upami Raja mungkur ti Mantenna, Mantenna oge tangtos nilarkeun.

3Urang Israil kantos lami pisan hirup tanpa Allah nu sajati, tanpa imam anu ngawulang, tanpa hukum.

4Nanging barang katarajang mamala, seug marulang ka PANGERAN, Allah Israil, nareangan ka Mantenna sarta kapendak.

5Jaman eta taya jalmi anu tiasa lunta aman, margi sakuliah nagara nuju ribut sareng pakucrut.

6Bangsa-bangsa silih pencet, nagara-nagara silih gencet, karana ku Allah diririweuh ku rupa-rupa mamala.

7Sing tagen, ulah salempang. Karana damel Kangjeng Raja tinangtos aya pahlana."

8Ngadangu piwejang Asarya putra Oded kitu, Asa ngaraos teger. Geus kitu anjeunna ngagempur arca-arca sesembahan di sakuliah tanah Yuda jeung Binyamin, kitu deui di kota-kota pagunungan Epraim anu dijabelan ku anjeunna. Altar PANGERAN di buruan Bait Allah diomean.

9Jalma-jalma ti wewengkon Epraim, ti wewengkon Menase, jeung ti wewengkon Simeon loba anu sumolondo ka Asa, tuluy tetep-tumetep di karajaan anjeunna, lantaran nyarahoeun anjeunna disarengan ku PANGERAN. Asa nimbalan kumpul ka maranehna bareng jeung urang Yuda jeung urang Binyamin,

10seug maranehna karumpul di Yerusalem, dina bulan katilu taun kalima welas Asa jadi raja.

11Dina poe eta maranehna ngurbankeun sato-sato beunang ngajarah tea ka PANGERAN, sapi tujuh ratus, domba tujuh rebu.

12Geus kitu samiuk ngucapkeun jangji seja satia ngabakti ka PANGERAN, Allah karuhunna, seja anut terus jeung ati sanubari.

13Anu henteu ngabakti ka Mantenna saha bae, kolot, ngora, lalaki, awewe, bakal dipaehan.

14Breng ngucapkeun ikrar ditarikkeun kalawan nyebut jenengan PANGERAN yen seja nohonan jangjina. Geus kitu ger surak dipirig ku nu nariup tarompet.

15Sanggeus ngucapkeun ikrar terusing ati sanubari urang Yuda kabeh ngarasa bagja, jadi raresep ngabakti ka PANGERAN. Ku PANGERAN ditampi sarta ti unggal pihak maranehna disina kerta.

16Raja Asa mecat Maaka, eyang istri tina kalungguhan ibu suri, sabab ngadamel arca anu pikagirukeun, arca Asera. Arcana ku Asa ditigas, dicacag tuluy diduruk di Lebak Kidron.

17Ari tempat-tempat ngabakti ka brahala ku Asa henteu kabeh digempurna. Tapi sapanjang anjeunna jumeneng tetep sumujud ka PANGERAN.

18Barang-barang anu ku Abia, ramana, enggeus dibaktikeun ka Allah kitu deui barang-barang tina emas jeung perak anu dibaktikeun ku anjeunna pribadi, disimpen di Bait Allah.

19Salila tilu puluh lima taun dina cangkingan anjeunna, tara aya perang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel