Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 2 >> 

1Raja Suleman geus gilig rek mimiti ngadegkeun Bait Allah tempat ngabakti ka PANGERAN. Ari anjeunna pribadi rek ngadamel karaton.

2Ti dinya anjeunna miwarang jelema tujuh puluh rebu urang purah ngakutan bahan-bahan, dalapan puluh rebu urang purah ngali batu, jeung tilu rebu genep ratus urang mandor.

3Geus kitu anjeunna ngintun pamundut ka Raja Hiram di nagara Tirus, saurna, "Mugi Jeng Raja kersa ngintunan kai-kai kiputri golondongan ka sim kuring, sapertos ka pun bapa kapungkur, Raja Daud, nalika anjeunna ngadamel karaton.

4Sim kuring bade ngadamel Bait Allah kangge ngagungkeun ka PANGERAN, Allah sim kuring, nya eta gedong suci paranti sim kuring sarawuh rahayat ngabakti ka Mantenna ngahaturkeun kukus seuseungitan, roti suci teu petot-petot, kurban beuleuman unggal enjing sareng unggal sonten, unggal dinten Sabat, unggal dinten Pesta Bulan Anyar sareng dinten-dinten mulya sanesna, ngamulyakeun PANGERAN Allah sim kuring sadaya, kawajiban urang Israil sapapaosna, numutkeun katangtosan ti Mantenna.

5Maksad sim kuring eta Bait Allah teh bade sing ageung, reh Allah sim kuring sadaya agung-Na punjul ti allah-allah sanes.

6Saleresna moal aya anu tiasa ngadamel Bait Allah linggihaneun Allah, margi saleganing langit oge keur Mantenna mah moal cekap. Atuh pimanaeun sim kuring tiasa ngadamel anu langkung punjul ti batan gedong paranti ngukus seuseungitan ka Allah?

7Sareng sim kuring mugi dikintun jalmi saurang, anu ahli kana ngukir, kana ngadamel barang-barang tina emas, perak, tambaga, beusi, kitu deui ahli kana migawe lawon bulao, lawon wungu sareng lawon beureum, sina maturan juru-juru ukir urang Yuda sareng urang Yerusalem kenging milih pun bapa, Daud.

8Nyuhunkeun dikintunan kai kiputri, kijamuju, sareng candana ti Libanon, reh sim kuring terang Sang Raja kagungan tukang-tukang nuar kai anu parantos ahli. Jalmi-jalmi sim kuring bade enggal-enggal dijurung ngabantu jalmi-jalmi Kangjeng Raja

9nyayagikeun kai masing seueur, reh Bait Allah anu bade diadegkeun ku sim kuring teh bakal ageung sareng bakal agreng.

10Sim kuring bade ngintun pibekeleun jalmi-jalmi ti dieu dua laksa pikul tarigu, dua laksa pikul gandum, dua laksa bat cianggur sareng dua laksa bat minyak jetun."

11Raja Hiram ngawaleran ka Suleman ku surat, ungelna, "Rehing PANGERAN mikaasih umat-Na, nu mawi Rayi ku Mantenna didamel jadi rajana.

12Sagala puji ka GUSTI Allah Israil anu ngadamel bumi sareng langit! Mantenna ka Raja Daud parantos maparin hiji putra anu binekas, sugih pangarti sareng binangkit, anu ayeuna keur tatahar seja ngadamel Bait kangge PANGERAN, kitu deui karaton keur salirana ku anjeun.

13Akang nyanggakeun hiji jalmi ahli ukir anu pinter, wastana Huram.

14Indungna kalebet kaom Dan, dupi bapana mah asli urang Tirus. Parantos tabah kana midamel barang-barang tina emas, perak, tambaga, beusi, batu, kai, migawe lawon bulao, wungu, beureum sareng lenen. Tiasaeun migawe ukiran kumaha bae numutkeun pesenan. Mangga gawekeun nyarengan tukang-tukang ti Rayi sareng anu ti tuang Rama, Raja Daud.

15Tarigu, gandum, cianggur sareng minyak jetun tea kintunkeun sakumaha pilahir.

16Kai kiputri pamundut tangtos dikintunan, bade nuaran ti pagunungan Libanon. Dikintunkeunana bade jalan laut, dibeungkeutan dirakitkeun, sina ngangkleung dugi ka Yopa, ti dinya kantun ngakutan ka Yerusalem."

17Ti dinya Raja Suleman ngetang jalma-jalma anu ngumbara di tanah Israil, cara anu bareto dilampahkeun ku Daud ramana. Kapendak aya 153.600 urang.

18Tina sakitu, 70.000 urang dijieun purah nanggungan bahan-bahan, 80.000 urang purah meulahan batu di gunung-gunung, 3.600 urang dijieun mandor supaya pagawean lancar.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel