Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 1 >> 

1Ieu siloka-siloka Suleman, putra Daud, raja Israil.

2Ieu siloka-siloka teh geusan nungtun urang supaya nyaho kana hikmah jeung atikan, supaya bisa neuleuman pitutur-pitutur anu marunel.

3Oge ngadidik sangkan hirup urang sugih pangarti, jujur, bener jeung adil.

4Kitu deui mere luang ka nu taya pangalaman, mere papatah ka nu ngarora sangkan jembar kanyaho.

5Malah nambahan kaweruh nu geus laluhung, ngawuwuh pangarti ka nu geus laloba elmu,

6sangkan ngarti kana hartining siloka anu nyamuni, bisa neuleuman pituturna jalma-jalma bijaksana.

7Pikeun meunangkeun kanyaho, jalma teh kudu boga rasa hormat jeung sieun ku PANGERAN. Jalma bodo mah teu ngahargaan kana hikmah sarta embungeun diajar.

8Anaking! Turutkeun papatah nu jadi bapa, gugu pitutur nu jadi indung.

9Papatahna matak alus kana ahlak, lir kongkorong atawa sorban nambahan pantes kana dangdanan.

10Anaking! Mun aya nu jahat ngagoda, kahade ulah kabawa.

11Bisi upama carekna, "Euy, urang datangan Si Anu, urang paehan. Geura resep mergasana, sanajan taya pasalna.

12Ayeuna mah ingkeun sina ngeunah-ngeunah heula. Tapi ati-ati mun urang geus datang, jangji paeh ku urang!

13Barang-barangna urang rampas, urang akutan ka imah.

14Hayu, engke dibere bagian."

15Kade anaking, tong daek. Anggur jauhan.

16Maranehna teu betah cicing lamun can nyieun kajahatan, salawasna ngan hayang geura maehan.

17Mun manuk geus nyahoeun ti heula, cumah ditaheunan oge.

18Tah jelema anu kitu, ibarat naheunkeun burang eukeur dirina sorangan, keur mergasa nyawana sorangan.

19Memang kitu jalma nu hirupna tina rarampog, tega kana patina sorangan.

20Tah dengekeun, hikmah cumeluk ti jalan-jalan, ti pasar-pasar,

21ti lawang-lawang gapura, ti tempat-tempat jelema karumpul.

22Cecelukna, "Eh, nu barodo! Arek kajongjonan bae bodo balilu? Iraha rek resep moro kanyaho? Na teu harayang dialajar?

23Dengekeun ari kami negor, kami rek mere pepeling, sarta ngabagi kanyaho kami ka maraneh.

24Aranjeun ku kami geus dicalukan, diondang, tapi arembung ngadenge, kami henteu dipalire.

25Maraneh teu daraek malire pepeling kami, jeung arembung diingetan.

26Rasakeun engke, ana katarajang kasusah, kami mah rek nyeungseurikeun. Ku kami rek dipupuas mun aranjeun ditempuh bancang pakewuh,

27anu datangna kawas angin ngagelebug, mawa topan kasusahan, maraneh nu ngarasa nyeri jeung susahna.

28Ti dinya kakara aranjeun sasambat ka hikmah, tapi ku kami mo dipiduli. Kami ku aranjeun diteangan dikotektak, tatapi hamo kapanggih.

29Bongan aranjeun enggeus mikageuleuh kanyaho, sarta salawasna embung bae sieun ku PANGERAN teh.

30Maraneh tara daraek narima nasehat-nasehat kami atawa malire kana panegor-panegor kami.

31Kalakuan aranjeun kitu baris malindes ka diri, temahna jadi nyiksa ka sorangan.

32Jalma tuna pangalaman, paeh ku lantaran mangsabodokeun hikmah. Jalma bodo, paehna ku lantaran teu pisan malire ka hikmah.

33Sabalikna sing saha anu ngagugu ka kami, hirupna tangtu rahayu, salamet tur euweuh pikalewangeun."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel