Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 11 >> 

1PANGERAN mikangewa ka nu make timbangan curang. Mantenna misuka ka nu nimbangna bener.

2Jalma adigung bakal meunang pamoyok, mending oge handap asor.

3Jalma hade ditungtun ku kajujuran. Jalma curang bakal cilaka ku curangna.

4Dina waktu geus nyanghareup kana ajal, harta banda taya hartina kajujuran mah matak rahayu.

5Keur jalma hade mah jujur teh matak nguntungkeun hirup. Ari jalma jahat mah sok nyilakakeun maneh.

6Kaadilan nyalametkeun jalma jujur. Ari tukang cidra cilaka ku sarakahna.

7Jalma jahat ana paeh, harepanana ge paeh. Harta banda teu bisa dipake andelan.

8Kasusahan moal datang ka jalma saleh, datangna ka jalma jahat.

9Omongan jalma jahat matak binasa, sabalikna hikmah jelema saleh mah matak salamet.

10Anu jujur ana meunang bagja, sanagara milu suka. Sabalikna jalma jahat mah ana paeh pada nyurakan.

11Ku restuna jalma-jalma jujur, kota bisa alus. Sabalikna ku omongan jalma-jalma jahat mah kota teh ruksak.

12Ngahina batur kalakuan anu gejul. Nu lantip mah sungutna repeh.

13Jelema laer biwir moal bisa dibawa rasiah. Sabalikna nu satia layak dipercaya.

14Bangsa bakal runtuh lamun taya anu mingpin, sabalikna bisa kuat lamun loba juru nasehatna.

15Ulah sasanggupanan mangnanggungkeun hutang batur, bisi kaduhung. Leuwih aman teu pipilueun.

16Istri lungguh mah hormateun, sabalikna awewe teu boga budi mah nista. Jalma kedul mustahil rek boga duit. Nu rikat usahana mah pibeunghareun.

17Lamun urang bageur tangtu loba anu mikaheman. Kejem mah sarua jeung nyiksa maneh.

18Jelema jahat mah najan beubeunangan ge taya mangpa’atna. Sabalikna mun pagawean urang bener, tangtu meunang ganjaran.

19Boga niat rek milampah hade tangtu baris jamuga. Tapi mun keukeuh boga niat jahat, tinangtu bakal tiwas.

20Angen-angen jahat kaceuceub PANGERAN, ari lampah bener nyukakeun kana manah-Na.

21Sing yakin, nu jahat tangtu dihukum, nu bener tangtu luput tina siksaan.

22Istri geulis tanpa kaperyogaan, saibarat anting emas dina cungur bagong.

23Angen-angen jelema bener, salawasna alus jadina. Sabalikna jelema jahat, ana kahayangna laksana, matak ambek saban jalma.

24Aya jalma anu bisa samemena make duitna, tapi kalah ka beuki beunghar. Ari nu pohara cecelna kalah ka tambah kokoro.

25Nu balabah babari meunang rejeki. Nu resep tutulung babari meunang pitulung.

26Anu sok nahan pare ngadago undakna harga bakal pada nyumpahan. Ari dijual harita mah pada maruji.

27Maksud maneh lamun hade tangtu pada ngahargaan. Sabalikna neangan pisusaheun mah tangtu meunang kasusahan.

28Nu umangkeuh ku kabeungharan baris ragrag ngoleang, lir daun murudul usum muguran. Sabalikna jalma bageur baris subur, lir tangkal gomplok daunna.

29Nu nyusahkeun kulawarga matak moal boga naon-naon. Nu barodo salawasna kudu ngawula ka nu palinter.

30Jalma bener mah ngahirupan, jalma telenges mah ngarampas nyawa.

31Lamun jalma bener di dunya keneh geus meunang ganjaran, jalma jahat jeung boga dosa oge geus pasti baris dihukum.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel