Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 14 >> 

1Awewe binangkit ngamumule rumah tanggana. Sabalikna awewe gejul mah ngabaruntakkeun.

2Kudu jujur tandaning ngesto ka PANGERAN. Mun teu jujur, tandaning teu sieun ku Mantenna.

3Jalma gejul mah sok muji maneh bawaning ku sombong-sombongna. Sabalikna anu berbudi, karaksa ku omonganana.

4Mun euweuh sato keur narik wuluku, leuit teh bakal kosong. Mun aya mah tangtu pinuh.

5Saksi anu beunang dipercaya, nu dicaritakeunana teh tangtu bener. Saksi palsu mah pangakuanana bohong kabeh.

6Tukang cacawad mah moal bisa bijaksana. Ari nu ngarti mah babari diajarna.

7Nu burung mah jauhan bae, da moal bisa ngajarkeun naon-naon ka urang.

8Naon sababna jelema pinter wet bijaksana? Sabab nyaho kana pilampaheun dirina. Naon sababna jelema bodo wet gejul? Sabab pangrasana mah sagala nyaho.

9Nu barurung tara mikiran dosana. Jelema anu harade mah hayang dihampura.

10Suka keur sorangan, duka keur sorangan, batur mah mo bisa milu ngarasakeun.

11Waktu imah jelema jahat diruksak, imah jelema bener mah tetep nagen.

12Aya jalan anu disangka pisalameteun, padahal brasna kana pipaeheun.

13Seuri teh sok dipake nyumputkeun kasedih. Ari enggeusna mah angger-angger bae susah.

14Jalma goreng baris tinemu jeung kagorengan. Jalma hade baris meunang pahla tina kahadeanana.

15Jalma bodo mah percayaan, ari nu binangkit mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.

16Jelema nu boga pikiran mah sok ati-ati sangkan luput tina kasusah. Ari nu bodo mah sok lalawora jeung sologoto.

17Anu babarian napsu lampahna sok siga nu burung, da jelema bijaksana mah adatna teh leuleuy.

18Jalma nu taya kanyaho, temahna bodo. Ari nu bijaksana mah diganjar pangarti.

19Jalma jahat baris ngeluk hareupeun jelema bener bari tamada menta dipikarunya.

20Ka nu malarat mah taya pisan nu misobat, teu cara nu beunghar loba sobatna.

21Mun hayang ngarasa bagja, kudu karunya ka anu balangsak. Mikangewa ka batur teh dosa.

22Mun urang migawe hade, baris dihormat jeung dipercaya. Pohara kaliruna migawe nu goreng mah.

23Mun hayang nyapek kudu ngoprek, da ari ngobrol bae mah pimalarateun.

24Jalma bijaksana dipuji ku kabijaksanaanana, jalma gejul kaceluk ku kagejulanana.

25Lamun carita saksi sayakti, bisa ngajait tina pati. Lamun caritana bohong eta mah hianat.

26Sieun ku PANGERAN teh matak teger jeung reugreug ka urang sakulawarga.

27Sieun ku PANGERAN teh dadasarna hirup, anu bisa ngajauhkeun tina ancaman pati.

28Agungna raja gumantung kana jumlah rahayatna, tanpa rahayat raja ge taya hartina.

29Jelema anu tahan sabar nandakeun bijaksana, sabalikna nu gede ambek mah nandakeun kacida bodona.

30Hate sugema matak hurip kana diri, sirik dengki mah ibarat panyakit matak paeh.

31Ngagencet ka nu miskin, eta teh ngunghak ka Allah nu ngadamelna. Welas asih ka nu miskin, eta teh hiji bakti ka Mantenna.

32Jalma jahat baris ragrag ku kajahatanana, jalma bener bakal karaksa ku kajujuranana.

33Jelema nu boga pangarti, sagala pikiranana dibarengan ku akal budi. Jelema gejul mah tuna tina akal budi.

34Bangsa anu nyekel bebeneran baris jaya. Lamun bangsa nyieun dosa, tangtu bakal nista.

35Pagawe nu parigel bakal kapake ku rajana. Pagawe anu nguciwakeun manahna mah bakal dihukum.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel