Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 16 >> 

1Manusa meunang nyieun pamaksudan, ari nu nangtukeunana mah Allah.

2Ceuk pangrasa urang mah pagawean urang teh hade bae. Ari PANGERAN mah nguji ka nu aya dina sanubari urang.

3Kudu nyuhunkeun ka PANGERAN sangkan rencana urang diberkahan, tangtu pagawean urang lulus.

4Sagala dadamelan PANGERAN aya tujuanana masing-masing. Mantenna geus nangtukeun yen nu jahat baris ditumpes.

5Nu arangkuh jadi kacua PANGERAN, tur moal bisa nyingkir tina hukuman.

6Kudu satia satuhu, tangtu dosa urang ku Allah dihampura. Kudu tumut ka PANGERAN, tangtu luput tina musibat.

7Mun urang nyukakeun manah PANGERAN, musuh oge bisa malik nyobat.

8Pangasilan saeutik ge ari beunang jujur mah leuwih mangpa’at, ti batan loba tapi meunang teu bener.

9Manusa anu boga angen-angen, Allah anu memener lengkahna.

10Timbalan raja mah meunang kawasa ti Allah, putusanana salawasna adil.

11Pamundut PANGERAN, timbangan jeung ukuran teh kudu bener, jujualan kudu jujur.

12Raja teu meunang ngantep kajahatan, sabab kuatna pamarentahan teh nya ku kaadilan.

13Raja mah kahoyongna ngadangu perkara nu saestuna, mikaresep ka sakur anu ngucapkeun anu sayaktina.

14Jalma anu bijaksana, narekahan sangkan raja senang manahna. Sabab lamun raja enggeus bendu, teu mustahil mun aya nu nepi ka paeh oge.

15Kurnia raja lir ibarat mendung nurunkeun hujan di musim halodo, matak ngahirupkeun.

16Boga pangarti jeung kapinteran mah leuwih utama ti batan boga emas perak.

17Jalma hade mah lampahna nyingkiran pibalahieun. Ku sabab eta kudu ati-ati lampah, sangkan rahayu.

18Adigung temahna ancur, angkuh temahna rubuh.

19Mending oge rendah hate jeung taya kaboga, ti batan milu ka jalma angkuh jeung milu kacemekan ku barang beunangna ngarampas.

20Sing tigin kana piwulang, supaya lulus nya maksud. Masing ngandel ka PANGERAN, malar meunang kabagjaan.

21Jalma bijaksana anu sawawa, kaciri tina pangartina; tina carana nyarita, omonganana beuki tambah ngayakinkeun.

22Hikmah teh sumber hirupna jalma anu bijaksana, tapi mapatahan jelema gejul mah ka hambur-hambur waktu.

23Jalma berbudi mah memeh ngomong dipikir heula, jadi anu diucapkeunana teh bisa leuwih ngayakinkeun.

24Ucap darehdeh ibarat madu, nya amis nya alus keur kasehatan.

25Aya jalan anu disangka pisalameteun, padahal brasna kana pipaeheun.

26Kajurung ku lapar, nu kuli mah beuki soson-soson digawena, sangkan bisa buru-buru dahar.

27Jelema jahat mah ngan neangan bae jalan picilakaeun batur. Malah ucap-ucapna ge ngagudag-gudag ku kajahatan.

28Jalma jahat resep nyebarkeun pitenah, kagorenganana dipake ngabengkahkeun anu eukeur sosobatan.

29Jalma telenges mah ka baturna ge nipu merdaya, ngarah baturna cilaka.

30Sing waspada ka nu nyengiran jeung ngiceupan, eta teh dina hatena mah boga niat jahat.

31Umur panjang jadi ganjaran ka jalma anu temen nya lampah, ari huis minangka makuta mulya.

32Mending sabar ti batan gagah. Mending ge bisa ngered diri, ti batan bisa ngarebut hiji kota.

33Taya halangan ngalung dadu oge geusan neguh pangersa Allah. Ari jawabanana mah ditangtukeun ngan ku Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel