Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 2 >> 

1Regepkeun anaking, ieu Bapa rek papatah. Poma ulah mopohokeun nu ku Bapa diucapkeun.

2Sakur nu jadi piwuruk, lenyepkeun sarta hartikeun.

3Enya, kudu nunuhun menta kanyaho, kudu neda-neda menta pangarti.

4Pek kotektak mangka gemet, lir neangan perak atawa pependeman.

5Lamun eta dipilampah, engke hidep nyaho naon hartina sieun ku Allah, sarta bakal meunang kanyaho tina hal Allah.

6Karana kapinteran teh estu kurnia ti Allah. Kanyaho reujeung pangarti, asalna nya ti Mantenna.

7Mantenna nyayagikeun pitulung panangtayungan, ka jalma anu bener satemenna,

8ngaraksa jalma nu hade ka pada kaula, ngaping jalma anu tumut ka Mantenna.

9Lamun papatah Bapa digugu, hidep bakal nyaho naon ari adil, temen jeung jujur, nyaho ka anu kudu dipilampah.

10Tangtu jadi bijaksana, tur bakal ngarasa bagja dumeh sugih ku kanyaho.

11Pangarti hidep bakal ngajaring, paham bakal ngajaga,

12nyegah tina lampah salah, ngajauhkeun ti jelema-jelema nu sasar omonganana,

13ti anu naringgalkeun jalan anu lempeng, nyorang jalan nu poek,

14ti jalma-jalma anu betah dina salah, nu resep milampah jahat,

15anu hirupna teu make pangered, anu teu beunang diandel.

16Hidep baris kuat moal kabengbat ku awewe nu barejad ahlak, ahli ngolo-ngolo jeung ngagelo,

17nu sok serong ti salakina, anu poho kana sumpah suci akad nikah.

18Sakali hidep nyampeurkeun awewe kitu, sasat nyampeurkeun ajal. Indit ka awewe kitu sarua jeung indit ka enggon nu paeh.

19Lalaki nu datang nemonan awewe kitu, tara bisa mulang deui, tara nyorang deui jalan anu brasna kana hirup.

20Nu matak hidep kudu niru lakuning jalma satuhu, anu hirupna saestu.

21Sakur anu hirupna satemenna, jalma anu taya kuciwana, baris ngancik di dieu, di tanah nagara urang.

22Demi nu daroraka mah ku Allah baris didudut, nu jarahat baris dicabut ti dinya, lir tangkal anu dirabut jeung akar-akarna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel