Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 21 >> 

1PANGERAN mah ngamudi manah raja ge gampileun. Sarua gampileunana jeung ngatur ngocorna walungan.

2Meunang boga rasa yen sagala panggawe maneh hade, tapi inget, nu ditilik ku PANGERAN mah alesanana.

3Lampahkeun naon nu hade, naon nu jujur, baris kamanah ku PANGERAN leuwih ti batan mere kurban.

4Jalma jahat dikawasaan ku kaadigungan jeung kasombonganana, eta teh dosa.

5Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil. Bari gurunggusuh mah beubeunanganana moal sabaraha.

6Kakayaan beunang teu jujur tereh leungit, tapi memeh leungit teh ngagubragkeun urang heula kana liang kubur.

7Jalma jahat baris cilaka ku katelengesanana sorangan; maranehna cadu kana lampah bener.

8Jalma jahat nyokot jalan anu serong, jalma nu suci beresih mah lampahna teh bener.

9Mending cicing di luhur hateup, ti batan saimah jeung pamajikan cerewed.

10Jalma jahat mah salawasna ge kabeukina teh kajahatan, ka nu lian taya pisan karunyana.

11Hukuman ka nu adigung, jadi pangajaran ka nu taya luang. Jalma berbudi dipepelingan teh jadi tambah bijaksana.

12Allah nu maha adil terang kana kaayaan di imah jelema jahat. Mantenna bakal ngagebruskeun manehna sina cilaka.

13Lamun urang embung ngadenge jumeritna anu sangsara, engke mun urang sasambat menta tulung, moal aya nu malire.

14Jalma anu ambekeun ka urang, anteuran rerencepan, engke amarahna leler.

15Jelema hade mah mun kaadilan jalan teh atoh, sabalikna nu jahat mah hanjelu.

16Jalma nu teu make pikiran sehat, bakal tereh paeh.

17Resep mewah, beuki mabok, dahar royal bae, matak moal beunghar-beunghar.

18Jalma jahat baris cilaka ku kajuliganana sorangan anu tadina rek dipake nyilakakeun jelema nu bageur.

19Mending miceun maneh ka gurun keusik, ti batan hirup jeung pamajikan tukang humandeuar jeung cerewed.

20Jalma binangkit, hirupna subur makmur. Ari jelema gejul mah harita meunang duit, harita beak.

21Sing bageur, sing someah, tangtu panjang umur, nu lian ge tangtu ngajenan jeung jujur ka urang.

22Panglima anu pinter, bisa ngarampas kota anu dibela ku nu garagah, bisa ngancurkeun benteng nu jadi andelan maranehna.

23Mun embung meunang susah, kudu ati-ati nyarita.

24Jalma angkuh mah sombong, adigung, jeung tara mikirkeun batur.

25Jalma kedul, nu embung digawe, sasat maehan maneh,

26gawena teh ngan wungkul ngalamun hayang beunghar. Ari jelema nu bener mah balabah tur mere maweh.

27Kurban ti jelema jahat ku PANGERAN dipikageuleuh. Komo lamun merena teh ku sabab aya anu dipamrih.

28Panyaksi ti jelema tukang bohong moal diandel. Sabalikna caritaan jelema nu asak pikir mah bisa ditarima.

29Jelema anu bener mah teteg moal raga-reugeu. Sabalikna jelema jahat mah mani kudu satekah polah narekahan sangkan dipercaya.

30Kawijaksanaan, uteuk encer jeung pangarti manusa, dibandingkeun jeung PANGERAN mah teu aya pisan hartina.

31Kuda perang, urang anu nyadiakeunana; tapi ari nu mere kaunggulan mah PANGERAN.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel