Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 24 >> 

1Ulah sirik ka nu jahat, jeung ulah hayang nyobat,

2da itikadna teh ngan arek nyusahkeun bae, saucap-ucapna matak cilaka batur.

3Hikmah jeung pangarti teh dasar ajegna rumah tangga.

4Jalma nu boga kanyaho mah kamarna dieusi ku barang-barang anu aralus, marahal.

5Bijaksana leuwih utama ti batan gede tanaga. Memang bener kanyaho teh leuwih penting ti batan kabedasan.

6Kapan samemeh prung tarung teh kudu ngararancang heula sing taliti, tur beuki loba meunang nasehat, beuki pasti kawasna kana baris unggul.

7Nu bodo mah moal ngartieun kana omongan anu jarero eusina. Jadi lamun dibawa badami perkara penting teh ngan ukur bisa ngabetem.

8Lamun salawasna boga itikad goreng, maneh bakal kaceluk tukang rusuh.

9Pangrarancang jelema gejul mah pidorakaeun wungkul. Ka tukang cacawad mah sarerea ge ngewa.

10Lamun maneh babari leutik hate ku kasusahan, tetela hengkerna atuh.

11Mun maneh nenjo aya jelema digusur rek dipaehan, geuwat rebut.

12Meureun ceuk hate maneh eta lain urusan aing. Tapi eta kereteg kitu teh ku Allah kauninga, tur bakal dibalitungkeun.

13Anaking, pek ngadahar madu, alus eta teh. Tah, sakumaha madu tina sayang nyiruan amis karasana ku letah,

14nya kitu hikmah oge hade pikeun jiwa. Beunangkeun hikmah, tangtu hidep nyanghareupan mangsa anu gumilang.

15Ulah cara jalma jahat nu ngareka rek ngarampog jalma jujur, atawa ngagusur imahna.

16Jalma jahat mah tangtu ajur ku balahi. Sabalikna jalma jujur mah sakumaha seringna tibeubeut oge moal weleh menyat deui.

17Ulah gumbira lamun musuh cilaka, ulah bungah lamun manehna tijungkel.

18Peta maneh kitu ku PANGERAN kauninga tur teu dirujukan, boa teuing eta musuh teh ku Mantenna moal tulus dihukumna.

19Ulah jengkel atawa dengki ka jalma nu ngajuligan.

20Nu jahat mah moal jamuga.

21Anaking, kudu sieun ku PANGERAN jeung ku raja. Ulah milu ngalawan ka Allah atawa ka raja,

22da tangtu baris tereh tiwas. Hayang nyaho maneh rasana balahi ti Allah atawa ti raja?

23Kieu deuih ceuk nu palinter: Salah ari hakim ukur maen sangka bae mah.

24Sabab mun nepi ka jalma salah teu dihukum, hakimna tangtu pada nyapa, ku sasaha ge dipikangewa.

25Hakim nu bener nibankeunana hukuman teh ka nu salah, bakal parek rejekina sarta kawentar ngaranna.

26Jawaban anu sabalakana, tandaning sobat sajati.

27Memeh nyieun imah atawa rek imah-imah, uruskeun heula rajakaya, sangkan reugreug, aya keur tatali hurip.

28Ulah jadi saksi ngalawan tatangga teu karana sabab, atawa ngomong goreng hal dirina.

29Jeung ulah boga rasa, "Manehna ge kitu ka aing, rek dibales sing satimpal!"

30Pareng kami ngaliwat ka hiji lahan anggur bogana jelema kedul.

31Mani pinuh ku ruyuk cucuk jeung daun eurih, pagerna pasolengkrah.

32Seug ku kami kapikir, nya ieu pituahna. Kieu:

33Pek kekedengan, pek sare, pek nangkeup tuur ngaso sakeudeung.

34Sabot kitu, gurudag kamalaratan narajang. Lir rampog mawa pakarang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel