Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 25 >> 

1Ieu aya keneh siloka Suleman, anu dicutat ku ponggawa-ponggawa Raja Hiskia di nagara Yuda:

2Urang ngamulyakeun ka Allah teh ku karana hal anu ku Mantenna dirasiahkeun, ari ngamulyakeun ka raja mah ku karana hal anu ku manehna ditembrakkeun.

3Eusining manah raja ku urang moal kahontal, lir luhurna langit, lir jerona sagara.

4Sangkan perak bisa dijieun perhiasan anu endah, kaluarkeun heula kokotorna.

5Sangkan raja kaceluk adil pamarentahanana, singkirkeun heula juru-juru nasehatna nu garoreng.

6Di payuneun raja mah ulah medengkreng cetaan jelema penting.

7Mending keneh ditawaran tempat nu leuwih utama, ti batan ditimbalan pindah ti dinya, lantaran aya jelema nu leuwih penting ti batan maneh.

8Ulah rusuh nepikeun perkara anu katenjo ka pangadilan. Kumaha mun aya saksi anu bisa ngabuktikeun yen maneh salah?

9Upama maneh pareng bentrok paham jeung tatangga, beberes bae ku duaan, ulah nepi ka mukakeun rasiah nu lian,

10bisi maneh aya nu majarkeun tukang ngucah-ngaceh rasiah, matak cela saumur-umur.

11Buah pikiran anu hade dikedalkeunana, ibarat hiasan emas dina perak.

12Panegor ti jalma anu luhung panemu sarta digugu, leuwih mahal batan cingcin emas atawa perhiasan tina emas nu pangalusna.

13Utusan anu beunang dipercaya, matak seger kana hate nu ngutusna, saibarat citiis keur poe mentrang-mentring usum dibuat.

14Jalma nu jangji rek barang bere tapi teu sok, ibarat mega jeung angin nu teu mawa hujan.

15Ku ucap lemah lembut dibarung kasabaran mah najan sakumaha kuatna lawan ge tangtu pasrah, pangagung oge daek dielingan.

16Madu oge ari ngadaharna loba teuing mah matak sebel, sing sameujeuhna bae.

17Kitu deui nganjang, ari sering-sering teuing mah nyapekeun nu kaanjangan, tungtungna ijideun.

18Jelema anu mere katerangan palsu hal baturna, sarua matak bahlana jeung pedang, gegendir atawa jamparing lancip.

19Muntang ka tukang jalir waktu keur nandang pakewuh, ibarat huntu ungger dipake ngegel, suku lumpuh dipake ngalengkah.

20Ngawihan jelema nu keur nalangsa, ibarat nu hayang haneut eukeur nirisan, tapi kalah ka muka baju, jeung ibarat nguyahan raheutna.

21Lamun musuh maneh kalaparan bere dahar, mun halabhab bere nginum,

22tangtu manehna bakal samar rasa ku tina erana, tur eta kahadean maneh baris meunang rahmat PANGERAN.

23Ngupat teh ngondang amarah, lir angin kaler anu mawa pihujaneun.

24Mending nyicingan sosompang, ti batan saimah jeung pamajikan anu cerewed.

25Meunang beja hade ti hiji nagri nu jauh, saibarat nginum citiis waktu keur garing tikoro.

26Jalma hade anu geus biluk ka nu jahat, ibarat cinyusu geus kiruh, ibarat sumur anu diracun.

27Dahar madu ari loba teuing mah teu hade. Pamuji ge ari loba teuing mah nya kitu.

28Mun maneh teu bisa mengkek amarah, ibarat kota bolostrong euweuh kutana, babari ditarajangna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 25 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel