Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 30 >> 

1Ieu pitutur Agur putra Yakeh: "Kuring teh jauh ti Allah, jauh ti Allah, nu matak henteu daya teu upaya.

2Saenyana kuring teh bodo alah batan sato, henteu boga budi akal cara lumrahna manusa.

3Sim kuring tara guguru ngumpulkeun elmu, ka Nu Maha Suci luput teu aya katerang.

4Saha anu geus nyaho kana kaayaan sawarga? Saha anu bisa ngeupeul angin? Saha anu bisa mungkus cai ku jubahna? Saha nu geus nangtukeun wawatesan jagat? Cik saha, sugan maneh nyaho? Jeung saha anakna?

5Allah teh pageuh nyepeng sabda-Na. Mantenna lir tameng keur sakur anu nyalindung ka salira-Na.

6Poma ulah nambahkeun naon-naon kana pangandika-Na, anu ku Mantenna henteu diucapkeun, sangkan anjeun teu disiksa lantaran kauninga bohong."

7Gusti, samemeh abdi mulang ti dunya, sumeja nyuhunkeun dua perkawis.

8Saperkawis tebihkeun abdi tina ngabohong. Kalih perkawis ulah dikersakeun miskin, ulah dikersakeun beunghar. Paparin sacekapna bae.

9Bilih ari beunghar mah ngunghak, nyebat teu wawuh ka Gusti. Ari miskin bilih abdi maling, matak lingsem ka lenggah Allah.

10Ulah mitenahkeun badega ka dununganana, bisi maneh ku itu disapa, heug bae nandangan lara.

11Aya jelema anu nyumpahan ka bapana, sarta ka indungna henteu ngajenan.

12Aya jelema anu ngarasa dirina suci, padahal kacida kotorna.

13Aya jelema anu ngarasa jadi jelema anu hade, kacida hadena ceuk rarasaanana mah!

14Aya jelema anu teu boga pisan rasrasan, meres ka nu masakat walurat, dijieun jalan pangupajiwana.

15Lentah anakna dua, duanana bikang, duanana ngaranna "Jang aing!" Aya opat rupa hal anu tara seubeuh-seubeuh, nya eta:

16Alam maot, awewe nu teu bisa boga anak, tanah garing nadah hujan, jeung seuneu anu keur ngabulak-bulak.

17Jelema anu ngunghak ka bapa atawa moyok ka indung pedah geus kolot, sing dihakanan dagingna ku heulang atawa dipacokan matana ku gagak.

18Aya opat rupa hal anu ku kami sama sakali henteu kaharti, nya eta:

19Jalan heulang di awang-awang, jalan oray dina batu karang, jalan kapal di lautan, jeung awewe reujeung lalaki anu eukeur mikacinta.

20Akal awewe anu serong ti salaki nya eta: Tas ngaranyed buru-buru beberesih. Ari ngakuna, "Kuring teu salah teu naon!"

21Aya opat rupa hal anu ku dunya oge henteu bisa ditarima, nya eta:

22Lamun badega jadi raja, lamun nu gejul loba hakaneunana,

23lamun awewe pikaijideun meunang salaki, jeung lamun babu ngalindih dunungan awewe.

24Di bumi aya opat rupa sato lembut, tapi kacida palinterna, nya eta:

25Sireum, naon tanagana, tapi ari keur halodo garetol ngumpulkeun rejeki.

26Peucang, naon tanagana, tapi ngenggonna mah di jero cadas.

27Simeut, euweuh rajana, tapi ana geus ngabrul mani beres kawas diatur.

28Cakcak, gampang pisan ditewakna, parandene kitu di karaton-karaton ge aya.

29Aya opat anu leumpangna pikaresepeun, nya eta:

30Singa, panggagahna ti sakabeh sasatoan tur euweuh kasisieunna.

31Embe jalu, hayam jago, jeung raja anu keur tatandang di hareupeun baladna.

32Lamun maneh adigung jeung boga niat nyieun kagorengan ku bawaning gejul, geuwat eureunan sarta mikir.

33Sabab: Manasina susu ku maneh dikocok, jadi mantega. Ari maneh ngetig irung batur mah bocor getihna. Ari nyieun piambekeun batur mah maneh cilaka.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 30 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel