Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 5 >> 

1Anaking, tengetkeun jeung regepkeun ieu hikmah jeung pangarti ti Bapa,

2Tangtu hidep engke nyaho kumaha kuduna mawa diri sarta kumaha kuduna nyarita, nyirikeun yen boga kanyaho.

3Biwir pamajikan batur kareueutna lir madu, nyiumna lemes lir lemesna minyak jetun.

4Tapi dina sanggeusna, ngan kari paitna, kari peurihna.

5Awewe kitu bakal nyered maneh ka tempat nu maot, da leumpangna ge moro ajal.

6Dirina henteu tetep dina jalan anu nuju kana hirup, tapi sasab ngalantur, tapi teu ngarasaeun yen ngalantur.

7Ku sabab eta dengekeun, barudak! Bapa arek ngomong deui. Kade ulah aya anu poho.

8Awewe kitu singkiran! Malah ka imahna ge ulah deukeut.

9Lamun maraneh ngalayanan, tangtu leungit kahormatan, tur bakal paeh ngora-ngora ku jalma nu taya karunya.

10Kakayaan maraneh bakal dicokot ku batur, beubeunangan usaha bakal kapiboga ku nu sejen.

11Tungtungna ari awak geus beak ku panyakit, maraneh ngan bisa udah-aduh,

12bari ngomong, "Ku naon atuh aing teh ijid kana nasehat? Ku naon make embung dipepelingan?

13Aing embung ngagugu ka guru-guru, embung nurut ka aranjeunna.

14Nyaho-nyaho aing teh geus hina dina panenjo jalma rea."

15Anu matak sing satia ka pamajikan. Kanyaah teh tamplokkeun ka dinya wungkul.

16Anak ti awewe sejen mah moal aya pigunaeunana ka hidep.

17Anak sah nu kudu dimumule teh, sina gede, ngarah engkena bisa ngabantu-bantu, lain nu sejen.

18Anu matak sing ngarasa bagja ku pamajikan. Teangan kasukaan jeung mojang anu ku hidep dikawin,

19mojang manis jeung tangginas lir mencek; sing katarik ku geulisna, jeung sing bagja ku cintana.

20Keur naon anaking micinta awewe sejen? Keur naon leuwih kapincut ku kageulisan pamajikan batur?

21PANGERAN maha uninga kana sagala kalakuan hidep. Ka mana ka mana ge hidep hamo leupas tina panalingaana-Na.

22Dosana jelema jahat teh lir tataheunan nu bakal ngajiret dirina sorangan,

23tungtungna paeh lantaran teu bisa ngawasa diri. Ku tina bodo-bodona ahirna tigebrus ka liang kubur.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel