Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 6 >> 

1Anaking, kungsi hidep kalepasan jangji ka batur, jangji rek mangmayarkeun hutangna?

2Kungsi hidep kacangcang ku ucap sorangan, kabeulit ku jangji pribadi?

3Lamun kungsi, atuh hidep kaereh ku itu. Tapi Bapa seja mituahan. Buru-buru tepungan ka ditu, wayahna balaka teu sanggup.

4Tong diengkekeun, komo diselang sare atawa reureuh heula mah sanajan sakeudeung ge.

5Geuwat ngejat tina eta kaayaan, lir manuk atawa uncal ngejat kabur ti nu moro.

6Jalma kedul kudu nengetan petana sireum.

7Euweuh nu ngapalaan, euweuh nu ngatur, euweuh nu marentah,

8tapi sakitu rarajinna; dina usum halodo rajin ngarumpulkeun hakaneun, keur bekelna dina usum hujan.

9Ari si kedul rek tepi ka iraha ngarengkolna teh? Iraha arek cengkatna?

10Majarkeun, "Ah rek ngalenyap heula sakerejep, bari sidakep reureuh sakeudeung!"

11Tapi sabot sare, gapruk ditarajang ku kamiskinan, narajangna lir rampog bari ngabar-ngabar bedog.

12Jelema nu jahat jeung kurang ajar, ka mana-mana ngan bohong.

13Matana tingdarilak ngisarahan rek macikeuh.

14Da salilana anu direkana teh ngan pidorakaeun, di mana-mana ngan nyebar picilakaeun.

15Ku sabab kitu hamo barisa sumingkir tina musibat, nepi ka tumpes.

16(6:16-19) Aya tujuh perkara anu jadi kacua PANGERAN anu teu meunang diantep, nya eta: Sikep nu sombong, sungut nu bohong, leungeun nu maehan jalma teu salah, pipikiran nu ngareka kamurkaan, suku anu gura-giru kana kajahatan, saksi anu bohong deui, bohong deui, jeung jelema anu ngadu-ngadukeun babaturan.

17(6:16)

18(6:16)

19(6:16)

20Anaking, lampahkeun papatah Bapa, tuturkeun pitutur indung.

21Gumatikeun salawasna, cangcang dina sanubari.

22Piwurukna baris nungtun ari keur lumaku, purah ngaping ari ti peuting, mere luang ari ti beurang.

23Pituahna ibarat cahya ngagebray. Panggeuingna lir guru pituduh hirup,

24anu baris nyandet hidep sangkan teu ka awewe bangor, sangkan teu kagembang ku pangwujuk pamajikan batur.

25Tong kagoda ku kelet matana, tong kataji ku geulisna.

26Awewe palacuran bisa disewa ku harga dahareun sapiring, tapi jinah jeung awewe batur mah kudu dibayar ku nyawa.

27Bisa hidep mawa seuneu dina harigu, bari baju teu kaduruk?

28Lamun hidep leumpang nincak ruhak, piraku dampal suku teu melepuh.

29Tah bahlana jinah ka pamajikan batur teh ibarat kitu. Anu mirucaan kitu moal teu cilaka.

30Maling dahareun onaman pedah ku bawaning lapar, moal dihina-hina teuing;

31najan kitu ari kacerek mah kudu mere ganti, malah nepi ka kudu tujuh kalieun, kapaksa nguculkeun pangaboga.

32Ari jinah mah istuning lampah teu jeung pikiran. Sasat nyilakakeun maneh,

33bakal dihina jeung diteunggeulan, ngaran jadi goreng sapapanjangna.

34Moal aya anu nandingan ngentabna hate salaki anu dipangnyelewengkeun. Ngunek-ngunekna taya basakeuneunana.

35Ditebus ku naon bae oge asa najis narimana. Amarahna moal punah ku pangruruba.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel