Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 9 >> 

1Hikmah geus ngadegkeun imahna, tihangna tujuh.

2Keur kaperluan pesta, sasatoan geus dipangmeuncitkeun, kitu deui anggurna geus dicampur sarta idangan geus sayagi.

3Seug miwarang lanjang-lanjang, sina cumeluk kieu ti tempat nu pangluhurna di kota,

4"Nu barodo ka darieu!" Ari ka nu gejul, saurna teh,

5"Hiap dahar di imah kami. Inum anggurna beunang kami nyampuran.

6Lamun hayang jamuga, geura tinggalkeun lingkungan jalma-jalma barodo teh, taluturkeun jalan pangarti."

7Jelema sombong dielingan teh kalah ka ngajebian, jelema jahat diingetan teh kalah ka ngambek.

8Nu sombong mah teu kudu dipepelingan, kalah ka matak dipikangewa. Teu cara ngageuing ka nu bijaksana, tangtu ditarimakeun.

9Keur nu bijaksana mah nasehat urang teh matak nambahan kabijaksanaanana. Naon bae anu diomongkeun ka jelema bener, tangtu matak nambahan kanyahona.

10Pikeun jadi bijaksana, kudu boga rasa hormat jeung sieun ku PANGERAN. Nyaho ka Nu Maha Suci, baris meunang ngarti.

11Hikmah teh bakal mere umur panjang ka maneh.

12Mun maneh boga hikmah, nu untung nya maneh keneh. Sabalikna lamun maneh nolak hikmah, maneh keneh anu rugi.

13Kabodoan teh ibarat awewe anu cerewed, teu boga pikiran, teu boga kaera,

14ngalong di lawang, atawa diuk anjeucleu dina korsi, di tempat anu pangluhurna di kota,

15ngadon gera-gero, ka nu laliwat, anu keur malikiran urusanana sorangan.

16Ari pokna, "Heuy nu teu boga pikiran, ka dieu!" Ari ka nu gejul pokna teh,

17"Cai beunang maling karasana leuwih amis. Kadaharan beunang maling karasana leuwih ngeunah."

18Korban-korbanna teu nyarahoeun, yen anu nyimpang ka manehna tinemu jeung ajalna di dinya, anu geus arasup ka jero imahna ayeuna geus araya di dunyana nu paraeh.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel