Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 10 >> 

1Abdi parantos teu kiat hirup, wungkul ngarasakeun kapeurih.

2Atuh Gusti teh ulah mung nyalahkeun bae, sebatkeun lantaranana nu matak ijid ka abdi.

3Naon maksad Gusti dugi ka telenges kitu? Naha ngahaja bae bade ngapeskeun dadamelan ku Anjeun, bade ngayunkeun pangreka jelema jahat?

4Ari Gusti ningali perkara teh sami sareng jalmi?

5Ari yuswa Gusti sami sareng umur manusa?

6Naha atuh dosa abdi dugi ka disusud-susud, kalepatan abdi dugikeun ka dikorehan?

7Gusti kena-kena uninga yen abdi mo aya nu bisa nulung, najan bener ge tetep bae disalahkeun.

8Pedah abdi kenging Gusti ngawangun sareng ngarakit, heug Gusti ngaraos wenang ngaruksak deui.

9Pedah abdi dipidamel tina taneuh porang, bade diremukkeun dijadikeun deui lebu?

10Gusti ka pun bapa maparin tanaga, supados abdi tiasa yuga. Di jero kandungan abdi ku Gusti dibayuan.

11Raga abdi ku Gusti diwangun ku tulang, dianyam ku urat sarap, tulang dibungkus ku daging sareng kulit.

12Lajeng dipaparin nyawa, didama-dama, dijaga diraksa, dugi ka usik tiasa hirup.

13Ayeuna mah abdi terang, sihoreng sapanjang kitu teh cicing-cicing Gusti bade nyilakakeun abdi.

14Manahoreng abdi dijieun geusan intipeun, teanganeun kasalahan, sangkan teu layak kenging hampura.

15Teu kaop lepat saeutik sok jebet bae digitik. Sawangsulna ari bener, ukur diapilainkeun. Mani seubeuh ku Gusti dihihina dikakaya.

16Teu kaop mun ningali abdi menyat, Gusti mani kawas singa, sebrut ngudag buru-buru, malah pinton kasaktian, ngarah abdi cilaka.

17Tur Gusti mah tara kirang-kirang saksi keur nuding ka abdi sangkan aya jalan geusan bendu teterasan. Mun hoyong ngagitik deui, Gusti tara kirang-kirang akal.

18Naha atuh abdi kapungkur diantep lahir ka dunya? Matak naon mun teras bae paehkeun, memeh katingal ku pada jalma!

19Langkung sae tina kandungan teh antepkeun burusut tuluy ti batan diantep hirup.

20Parantos atuh abdi teh tinggalkeun, da moal lami deui ge sakarat, samemeh hos hayang bisa minge heula.

21Moal datang ka teu hilang, moal mulang-mulang deui, mulang ka alam nu poek mongkleng,

22alam nu peteng ngajumbleng turta pakusut, cahaya ge di dinya mah angger-angger poek."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel