Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 12 >> 

1(12:1-2) Ayub: "Atuh nu kitu mah geus lumrah. Nu kawas kitu mah mun jelemana paeh kanyahona oge paeh.

2(12:1)

3Kuring ge kanyaho teh loba, teu beda ti anjeun, kalah ka kumaha ge moal eleh. Nu dicaturkeun bieu ku anjeun, sarerea ge geus nyaho.

4Behna mah sobat-sobat ge bet nyeungseurikeun. Tur kuring teh sakitu benerna, teu boga salah. Tapi iraha-iraha ge panyambat kuring ku Allah tangtu didangu.

5Kena-kena keur sarenang, wani ngulinkeun ka kuring, sasat ngalelepkeun nu titeuleum.

6Tapi biasa, bangsat jeung jalma-jalma nu teu baroga Allah mah, najan miallahna teh ngan kana kakuatan sorangan, sok teu burung hirupna sarenang.

7Aranjeun mah ka bangsa manuk jeung margasatwa ge, perlu keneh diajar.

8Pek tatanya ka mahluk darat jeung laut tina hal pangartina.

9Kabeh ge nyarahoeun, yen maranehna beunang ngadamel panangan Allah.

10Memang Allah anu ngatur kahirupan mahluk-Na, hirupna tiap manusa aya dina kawasa Mantenna.

11Ceuli teh gunana pikeun ngadengekeun omongan, cara letah pikeun ngarasakeun ngeunahna kadaharan.

12(12:12-13) Jalma nu geus karolot baroga hikmat, tapi Allah mah nya kagungan hikmat nya kagungan kakawasaan, jalma anu geus karolot baroga paham, ari Allah mah paham kagungan, wewenang kagungan.

13(12:12)

14Nu diruag ku Allah taya nu bisa ngadegkeun deui. Anu dikurung ku Allah, taya anu bisa ngaleupaskeun.

15Mun Mantenna nahan hujan, heug halodo. Mun cai ku Mantenna dibedahkeun, ger caah.

16Mantenna digjaya, salalawasna unggul. Nu hianat, nu dihianat, duanana aya dina kakawasaana-Na.

17Kapinteran pangagung dirampas, para pamingpin disina barodo.

18Raja-raja dirorod didamel sakitan.

19Imam-imam jeung nu ngasta kawasa direndahkeun.

20Jalma-jalma nu dipake pananggeuhan dibungkem, pangarti jalma karolot dirorod.

21Jalma nu ngasta kawasa dihina, para pangagung dieuweuhkeun kakuatanana.

22Tempat anu poek mongkleng ku Mantenna sina caang.

23Mantenna nu ngersakeun bangsa-bangsa jembar digjaya, Mantenna keneh anu ngapeskeunana.

24Pamingpinna disina barodo. Sina kapaider sararasab.

25Gupuy-gapay di nu poek, tingjarigjeug siga nu mabok.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel