Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 15 >> 

1(15:1-2) Elipas: "Omong kosong Ayub, omong kosong!

2(15:1)

3Jelema pinter mah pamohalan nyarita kitu, euweuh pisan eusina, teu bisa dipake ngabela diri.

4Omongan saperti kitu matak kapok jelema sieun ku Allah, matak ngahalang-halang jalma sasambat ka Mantenna.

5Saban ucapan nyirikeun kereteg hate nu goreng, mindingan kasalahan ku nganggit-nganggit ucapan.

6Teu dicela ku kuring ge anjeun teh geus kacela ku omongan sorangan.

7Dikira anjeun teh manusa nu pangheulana? Na nyaksian waktu Allah ngadamel gunung-gunung,

8atawa geus kabeneran ngadenge rancangan-rancangan Allah? Ngan anjeun bae kitu nu boga kapinteran teh?

9Anu anjeun nyaho, taya sarupa anu kuring teu nyaho,

10da kuring ge pinter, beunang guguru ti nu geus caretuk dawuk, anu gumelarna ka dunya beh ditueun bapa anjeun.

11Allah ka anjeun geus maparin panglipur, ku naon embung narima? Kuring nyarita teh kalawan asma Mantenna tur sakecap-kecapna sakieu leuleuyna.

12Bet anjeun kalah ka napsu, ka kuring nepikeun ka tibubuncelik.

13Ka Allah nepikeun ka wani jengkel, wani nyalahkeun.

14Na aya manusa anu enya henteu boga kasalahan, anu bener di payuneun Allah?

15Dalah ka para malaikat-Na ge Allah teh teu percanten, da eta ge keur Mantenna mah taya nu beresih pikiranana.

16Komo jalma sipat ruksak taya harga, kawantu tuman notor kagorengan, mani dileguk kawas cai.

17Yeuh bandungan ieu kanyaho kuring anu bener,

18beunang guguru ti nu palinter. Tur aranjeunna ge beunang guguru deui ti sepuh-sepuhna, sarupa ge teu aya anu henteu diajarkeun.

19Di nagri aranjeunna taya pisan urang asing, taya saurang nu baris nyasabkeun aranjeunna ti Allah.

20Mungguh jalma jahat tukang ngakaya batur, saumur-umur hirupna ngan gegebegan,

21soara pikasieuneun kadenge ku manehna, eukeur jongjon ngeunah-ngeunah, ana gerebeg teh digarong.

22Turug-turug taya taksiran bisa nyingkiran poek, sabab di mana-mana geus nyampak gobang rek maehan.

23Manuk nu bareuki daging geus ngadaragoan, rek ngaharakanan bangkena. Karasaeun yen dirina geus teu boga harepan,

24balaina geus ngajega, megat rek ngarogahala, cara lakuning raja perkasa.

25Tah kitu nasib jelema anu ngamang-ngamang peureup ka Allah teh, nantang ka Anu Maha Kawasa.

26(15:26-27) Jalma kitu gede hulu, ku bedegong-bedegongna ka Allah ge wani ngudag, nangtang tarung bari ngacung-ngacung tameng.

27(15:26)

28Eta teh sok ngajabelan kota-kota ngarampasan imah-imah batur anu ditinggalkeun kabur. Tapi eta kota-kota jeung imah-imah teh baris tumpur ku perang.

29Beungharna moal bisa lila sagala pangabogana moal aya nu awet umurna, malah kalangkang dirina ge bakal musna.

30Pamohalan ucul tina pepeteng, kaayaanana lir tangkal anu dahan-dahanna geus garareheng ku seuneu, sarta kembangna beak murudul ku angin.

31Lamun ngandelkeun kagorengan, lantaran gejul, ganjaranana ge kagorengan deui.

32Hirupna ngararas samemeh mangsa, lir dahan geus ngarangrangan moal bisa seger deui.

33Lir tangkal anggur anu buahna geus beak samemeh asak, lir tangkal jetun nu marurag kembangna.

34Jalma jahat mah moal boga turunan, imah meunang nyieun tina panyogok mah bakal beak kaduruk.

35Kitu temahna tukang julig tukang nyieun kagorengan mah, anu angen-angenna pinuh ku hasud."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel