Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 16 >> 

1(16:1-2) Ayub: "Pamanggih kitu mah kuring ge mindeng ngadenge. Bororaah jadi pangbeberah, kalah ka ngagerihan hate.

2(16:1)

3Rek hayoh bae nyorocos nepi ka kiamat? Moal beak-beak piomongeun?

4Mun seug anjeun jadi kuring sarta kuring jadi anjeun, kuring oge bisa ngomong kitu, malah bari rek manggut-manggut nandakeun luhur panemu, piraku anjeun teu palid ku omongan kuring,

5nu dieusi bongbolongan jeung pangbeberah, ngalelemu ku kecap-kecap anu garenah.

6Ieu kanyeri henteu bisa kabangbrangkeun mun dibawa repeh. Dalah dikumaha.

7Ya Allah, awak abdi ku Gusti disasaak, anak tumpes ku Gusti sina paraeh.

8Sihoreng Gusti teh musuh, tega nganiaya ka abdi dugi ka ngajangjawing kieu kantun kulit sareng tulang. Ku batur mah dipajarkeun cingcirining gede dosa.

9Ku Allah disasaak, anggahota awak pasiksak. Socana ka kuring mani hurung awahing ku cua.

10Ku jalma dijarebian, dirogrog ditampilingan,

11ku Allah diserenkeun ka jalma-jalma doraka.

12Eukeur jongjon hirup ngahenang-hening, ku Allah ujug-ujug dicekek, digaley, dibantingkeun, seug dijieun bubulanan purah nadahan panarajang-Na,

13nadahan panah-Na ti unggal juru, mani rancleb kana awak, teu watir-watireun,

14ceplok deui, ceplok deui, awak geus pinuh ku raheut. Narajang-Na jeg serdadu geus edan awahing ku ijid-ijidna.

15Barang pake ge karung, kawantu eukeur prihatin, andiprek dina kebul nyirikeun asor.

16Beungeut asak balas ceurik balilihan, panon carindul tingguliweng semu geuneuk.

17Padahal mah kuring teh iraha kejem ka batur. Jadi kuring sasambat teh kalawan satemenna.

18Cik bumi, tong ngilungan lampah nu jahat ka kuring! Ulah nyicingkeun panyeluk kuring menta kaadilan!

19Sina kadangu ku nu di sawarga, nu baris tandang melaan kuring.

20Babaturan maroyokan kuring bati bisa cipanonan, bari lumengis ka Allah.

21Hayang teh aya nu melaan kuring di payuneun Allah kawas nu melaan sobatna.

22Taun-taun umur kuring geus laliwat, kuring nyorang jalan taya pigeusaneun malikan deui.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel