Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 19 >> 

1(19:1-2) Ayub: "Aeh-aeh, moal eureun-eureun nganyenyeri ka kuring teh?

2(19:1)

3Bet hayoh bae nyarekan mani laklak dasar, euweuh kaera!

4Barina ge mun enya tea mah kuring teh salah, cik naon ngarugikeunana ka anjeun?

5Make ngarasa leuwih bener batan kuring, mani pok deui, pok deui, majar pang kuring lara kieu teh cingcirining gede dosa.

6Na teu kaerong yen ieu teh dihaja ku Gusti Allah, geusan mancing-mancing kasalahan kuring?

7Mantenna enggeus kaniaya ka kuring, kuring malik teu suka. Tapi omongan kuring euweuh nu nganggap. Menta kaadilan kitu keneh euweuh nu nolih.

8Sagala tarekah taya nu laju, dihalang-halang bae ku Allah, sina poekkeun teu bisa mikir, nepi ka teu bisa deui ihtiar.

9Harta banda ku Mantenna dirampas, harkat reujeung darajat digejretkeun,

10harepan-harepan dirabut, kuringna digaley diteundeut-teundeut, lur diantep gering nangtung, sina paeh.

11Na aya bendu pohara teuing, mani kacida gemeseuna-Na, kuring dianggap musuh gerot-Na,

12mun nu perang tea mah Mantenna mani ngirimkeun balad, pasanggrahan kuring dikepung, ditingker sakurilingna.

13Dulur-dulur sina naringgalkeun, nu warawuh geus arembungeun deui wawuh,

14sanak baraya jeung sobat-sobat teu nyaho ka marana.

15Nu bareto osok larbek ngararanjang geus teu aringet-inget deui. Ku lanjang-lanjang purah babantu nepi ka dianggap si manyang-munyung.

16Nyalukan badega teu nembalan-nembalan acan, dipentaan tulung ambleng.

17Pamajikan nepi ka mengek irung, baueun ku ambekan kuring. Dulur-dulur pet ku hinis arembungeun deukeut-deukeut acan.

18Barudak ari nenjo kuring teh tingcirihil ngeak-ngeak.

19Sobat medok narenjona bangun rek arongkek, malah jalma-jalma anu pangdipikanyaahna ge tega nonggongan.

20Kulit mani tingulawir, siga geus kari nyangsang kana tulang. Cindekna kuring teh teu samar deui tereh paturay jeung hirup.

21Ku Allah diteundeut-teundeutkeun nepi ka gepeng. Anu matak cik, da aranjeun mah sobat, sing baroga rasrasan!

22Bet kalah ka pipilueun ka Allah nyiksa kuring, nganyenyeri teh teu seubeuh-seubeuh.

23Hayang teh ieu omongan kuring aya nu nyatetkeun, tiap kecapna ditulis dijieun buku.

24Atawa ditatah dina batu, diukir di dinya, ngarah awet saumur-umur henteu kapupus.

25Ayeuna mah keun bae, da engke ahirna mah tangtu aya nu baris ngabelaan kuring teh, ti sawarga.

26Najan kulit beak ruksak ku panyakit, sapanjang boga keneh awak mah kuring mo weleh tumeuteup ka Allah.

27baris katenjo ku panon pribadi, tur ku Mantenna ge moal diapilainkeun deui. Ngadenge omongan ti aranjeun, hate nepi ka ngalenyap. Da ceuk aranjeun,

28‘Kumaha akalna sangkan manehna nyerieun hate?’ Seug aranjeun nyarieun ekol keur nyeklek-nyeklekkeun.

29Tapi ati-ati, sing sayaga nadah pedang-pedang ti Allah, nu baris ngabudalkeun bebendu-Na, ka nu geus nyarieun dosa. Engke kakara ku aranjeun kanyahoan, yen aya Hakimna nu baris ngahukum."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel