Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 2 >> 

1Waktu mahluk-mahluk surga ngadeuheus deui ka payuneun PANGERAN, Si Panggoda milu deui.

2Ku PANGERAN dipariksa, "Maneh tas ti mana?" Si Panggoda ngajawab, "Tas luntang-lantung ngajajah jagat."

3PANGERAN mariksa deui, "Geus nyaho lain, ka abdi Kami Ayub tea? Di sajagat taya deui nu satia jeung ibadahna cara manehna. Ka Kami estu gumusti, tata-titi ati-ati, nyingkah tina lampah salah. Mangkilang ku maneh geus dijuligan teu puguh-puguh lantaran Kami kaangsonan, tetep bae satuhu cara sasari."

4Si Panggoda ngajawab, "Jelema mah asal keur ngabelaan nyawa, tara lebar ku banda.

5Coba ragana terapan siksa, harita keneh ge pasti nyumpahan ka Anjeun."

6Ari pilahir PANGERAN, "Hade, ayeuna manehna aya dina kakawasaan maneh, asal ulah nepi ka paeh."

7Leos Si Panggoda undur ti payuneun PANGERAN, nerapkeun panyiksa ka Ayub, sakujur salirana disina parecah pareurih kabina-bina.

8Seug Ayub ngalih calikna ka jarian, bari ngerokan salira ku talawengkar.

9Ku garwana diweweleh, "Bade satuhu keneh bae ka Allah teh? Geura sumpahan Allah teh, terus pek pupus!"

10Ayub ngawaler, "Eum, ucap-ucapan teh sambewara teuing! Pedah ku Allah keur dipaparin lara, na make kudu aral? Geuning ari berkah-Na mah ku urang bet ditampa?" Iman Ayub berekah, najan nandang lara, henteu nempuhkeun ka Allah.

11Aya sobat Ayub tiluan, nya eta Elipas urang Téman, Bildad urang Suah jeung Sopar urang Naamah. Sanggeus ngadarangu beja yen Ayub teu damang tur pohara larana tuluy ngaralayad seja ngabeberah.

12Barang breh, rada ti kaanggangan keneh mah meh bae paranglingeun ka Ayub teh. Ari gok ari segruk nararangis awahing ku henteu tega ningalina, seug nyarosoeh anggoanana bari tuluy ngarawu taneuh diawur-awur ka awang-awang jeung kana mastaka.

13Brek sarila dina taneuh ngarencangan beurang peuting bari teu kecet-kecet nepi ka saminggu, tina awahing ku watir ka Ayub anu sakitu nandang larana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel