Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 21 >> 

1(21:1-2) Ayub: "Ayeuna bagian kuring anu ngomong, ku didarengekeun ge kuring teh geus atoh.

2(21:1)

3Barandungan heula nepi ka kuring anggeus nyarita. Ari geus anggeus onaman, rek dipoyok lakar daek ge heug bae.

4Kuring kukulutus teh lain ka pada manusa, tur nu matak nepi ka teu sabar ge aya sababna.

5Lamun daraek mah ngaraskeun, nempo kaayaan kuring kieu teh piraku henteu ngahelas, boro-boro loba omong.

6Kuring teh ana ras ka nu enggeus karandapan, mani rampohpoy jeung gegebegan.

7Na atuh ari nu jarahat, ku naon ku Allah diantep bae, hirupna sarenang, umurna ge nepikeun ka karolot,

8barisa nyaraksian anak incuna galede!

9Rumah tanggana ku Allah tara didatangan ku balai, jararauh tina pancabaya.

10Ingon-ingonna baranahan, ngajaruruna lungsur-langsar.

11Barudakna jarongjon arulin tingalajret, kawas anak domba kumincir,

12arigel-igelan ngigelan kacapi jeung suling.

13Jararahat, tapi hirupna marulus, ajalna lalangsar teu kudu kasiksa heula.

14Nu jarahat nyarita ka Allah menta dijauhan da teu harayangeun nyaho kana maksad-maksad Mantenna kana hirup maranehna.

15Majar teh taya perluna ibadah, nanaonan make kudu neneda ka Allah sagala.

16Pangrasana lamun usahana hasil, majar teh muklis beunang ku ihtiarna sorangan. Kuring mah paliyas boga pipikiran kitu!

17Na enya eta teh, majar nu jahat mah hirupna poekkeun bae? Coba, iraha aya nu jahat meunang balai? Na enya Allah sok bendu, nu jahat teh disiksa,

18dibasmi kawas jarami? Atawa disina beak lir kekebul kaanginkeun?

19Carek aranjeun, lamun bapa nyieun dosa, anak anu cilakana, nandangan siksa ti Allah. Ceuk kuring mah anu kudu disiksa mah nya anu boga dosana, keun sina ngarasa wawales tina dosana tea.

20Geus pantesna mun anu dihukum teh anu boga salahna, nu kudu nandangan bebendu ti Allah Nu Maha Kawasa.

21Na bisa, jelema paeh malire kana bagja cilakana anak?

22Na mampuh jelema teh ngajar ka Allah, anu ngahakiman dalah ka mahluk-mahluk di sawarga?

23(21:23-24) Jelema teh sawareh mukti saumur hirupna nepi ka paeh, tur paehna bangun geus sugema, taya genah panasaran, sarta mayitna dipulasara kalawan utama.

24(21:23)

25Sawareh deui jajauheun tina senang, hirupna wungkul balangsak, paehna dibarung kanalangsaan.

26Tapi boh nu itu boh nu ieu sarua paeh, sarua dikubur, pada-pada jadi hakaneun cacing.

27Nyaho kuring oge, aranjeun teh ngadoakeun goreng,

28nepi ka majar teh, ‘Cik eta jelema jugala nu jahat teh, mana ayeuna imahna?’

29Na aranjeun tara pangangguran ngobrol jeung nu tas nyanyabaan? Na tacan ngadarenge kumaha caritana?

30Di mana-mana oge ari Allah bendu jeung nyiksa teh, angger bae anu saralamet mah anu jarahat.

31Di mana aya anu osok tudang-tuding ka nu jahat? Komo nepi ka menta sangkan nu jahat dibales mah, bororaah aya!

32Ana eta nu jahat teh geus waktuna digotong ka astana, neang kuburanana nu geus meunang ngemitan sagala,

33anu nungkulan upacara nguburkeunana ge mani rebuan. Taneuh panguruganana ge diurugkeunana teh kacida hormatna, mani lalaunan pisan.

34Na ari aranjeun! Anu magar rek ngalilipur, kalah ka ngawadul teu paruguh, ngomongkeun anu papalingpang jeung kanyataan."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel