Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 23 >> 

1(23:1-2) Ayub: "Kuring tetep teu tarima, tetep tugenah ku Mantenna. Kumaha teu rek ngarasula?

2(23:1)

3Atoh temen mun bisa manggihan Mantenna, ngan teu nyaho kudu ka mana neangna.

4Mun geus aya di payuneuna-Na mah, sagala hal kuring nu jadi kapanasaran, tangtu diunjukkeun, ditembrakkeun.

5Hayang nyaho rek ngadawuh kumaha, rek kumaha ngawaler-Na.

6Naha baris ngabantah tur nganggo sagala kakawasaana-Na? Sageuy! Sageuy Mantenna teu kersaeun nimbang.

7Balaka bae kuring mah arek silih tempas jeung Mantenna. Sageuy teu diangken, yen kuring teh ti bareto nepi ka ayeuna henteu salah naon-naon.

8Hanjakal, Mantenna diteang ka wetan teu nyampak, didongdon ka kulon kosong.

9Diteang ka kaler henteu kawenehan, tuluy disusul ka kidul, suwung, di dinya ge teu katingal.

10Parandene kitu, unggal kuring ngalengkah ge kadangueun, jadi upama kuring diuji teh tangtu kauninga lampah kuring teh beresih,

11lantaran tigin nuturkeun tapak lacak-Na, tara nyimpang-nyimpang,

12salawasna nurut kana timbalana-Na, ta’at kana pangersa-Na, tara mawa karep sorangan.

13Mantenna tara owah gingsir, moal aya nu bisa ngarobah pamadegana-Na, moal aya nu bisa mapalangan kana sagala kersa-Na.

14Mantenna kagungan rarancang kacida lobana, aya sarupa anu rek dilarapkeun ka diri kuring, tur pasti ku Mantenna dilaksanakeun,

15nepi ka kuring sumeblak aya di payuneuna-Na, bawaning ku seber kabina-bina.

16(23:16-17) Wawanen kuring nepi ka beak dipupul ku Nu Maha Kawasa. Nya ku Mantenna kuring ngarasa gimir teh, lain ku poek anu geus ngalolongkeun paningal kuring.

17(23:16)


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 23 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel