Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 28 >> 

1Aya tempat pangalian perak, aya tempat paranti ngabesot emas.

2Beusi dikali ti jero bumi, babatuan dilebur diala tambagana.

3Tempat poek pangpoekna ku manusa dipariksa, jajantung bumi dikotektak ditaliti, cadas-cadas di nu ngajumbleng ditalugaran.

4Jauh ti tempat mahluk kumelip, di nu can kungsi pisan katincak, manusa nyieun guha pangalian, digarawe di dinya mencilkeun maneh, guwang-gawing dina tambang, dina sumur pangalian.

5Bumi di luar ngabijilkeun bangsa dahareun, di jerona dikorowek burak-barik.

6Babatuanana aya batu nilemna, keusikna aya anu ngandung emas.

7Jajalaneun dina eta pangalian, dalah ku heulang tara kalanglang, ku gagak tara kateang,

8malah maung atawa sato galak nu lianna, taya hiji anu lumanto ka dinya.

9Cadas sakumaha teuasna ditugar, gunung-gunung dikali didungkar,

10ditembus ku torowongan, breh kapanggih babatuan anu marulya.

11Sirah-sirah walungan oge dikali, eusi nu asalna buni diangkat ka anu negla.

12Tapi cik, di mana ayana ari sumber kapinteran? Ka mana kudu nyukcrukna sangkan kaulik?

13Kapinteran mo kapanggih ti manusa, mo kaulik aci-acining pangajina.

14Ceuk dasar sagara, eta mah euweuh di kami, ceuk dasar lautan, eta mah taya di kami.

15Hamo kabeuli ku emas perak,

16hamo kabayar ku emas kolot reujeung permata,

17najan emas golondongan atawa emas perhiasan, kitu deui kaca batu pangalusna, mo bisa dipake nukeuran.

18Kapinteran leuwih mahal batan mutiara, ti batan kristal atawa mirah dalima,

19teu kaimbang ku ratna campaka, teu kaudag ku emas pangkolotna.

20Di mana sumberna ari kapinteran? Ka mana kudu nyukcrukna sangkan kaulik?

21Gaib, kaalingan tina panon sugri nu kumelip, dalah ku manuk tukang haliber teu bisa tembong.

22Jungkrang pati jeung maot ge, kana kapinteran ukur ngadenge bejana.

23Ngan Allah nyalira nu ngahartos kana jalanna, nu uninga kana tempatna.

24Kawantu Mantenna mah awas ka saampar jagat, tingali ka sakolong langit.

25Mangsa Mantenna mere tanaga ka angin, bari matok legana lautan,

26mangsa nangtoskeun iraha mangsana hujan, bari nangtoskeun pijalaneun kilat guludug,

27eta kapinteran teh ku Mantenna ditilik, seug diuji kamampuhanana, ti dinya disahkeun jeung dipetakeun.

28Pok Mantenna ngadawuh ka manusa, "Hayang pinter kudu ajrih ka PANGERAN, hayang boga pangarti, sing jauh ti kagorengan."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 28 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel