Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 38 >> 

1Ti dinya PANGERAN ngadawuh ka Ayub ti jero angin ribut, dawuhana-Na:

2"Saha maneh, campelak kana hikmat Kami, make ucap-ucap anu nya bodo nya kosong?

3Maneh geura cengkat, masing cangker sakumaha layakna lalaki. Sing sadia pijawabeun, Kami seja barang tanya:

4Geus aya maneh basa Kami ngadegkeun jagat? Lamun enya nyaho, sebutkeun.

5Saha anu nangtukeun legana? Saha anu narik tali ukuranana? Eta kabeh, nyaho maneh pijawabeunana?

6Kana naon nyeblokna tihang-tihang anu nanggeuy bumi? Saha nu masangkeun batu juru alam dunya?

7Poe eta wanci subuhna bentang-bentang ragem ngarawih jeung mahluk-mahluk surga sarurak bungah.

8Saha nu ngabendung lawang-lawang sagara basa eta ngagurudag gumelar ti jero kandungan bumi?

9Nya Kami. Seug sagara ku Kami disimbutan ku angkeub mendung, dibedong ku mega nu reueuk hideung.

10Tuluy dibere ciri wawatesanana, dikeureut keur geusan kandeg, lebah tulak lawang-lawang,

11bari ditimbalan, ‘Geus, semet dieu, ulah terus! Lebah dieu angkara ombak maneh kudu eureun.’

12He Ayub, kungsi maneh dina salila hirup nitah ka poe sina geura subuh?

13Enggeus maneh nitah ka sang pajar, nitah nyekel tungtung bumi, sina ngirabkeun umat doraka anu nyamuni di nu baruni?

14Ari enggeus bray beurang, gunung-gunung jeung jungkrangna narembongan, tingkarendu jiga lawon ngagunduk kawas anu dicapkeun dina taneuh liket.

15Cahya beurang keur umat nu jahat mah, pohara matak serabna, geusan nyegah maranehna tina papaksa.

16Kungsi maneh nincak kana sirah laut, atawa ngajajah dasar sagara?

17Kungsi ka maneh aya nu ngebrehkeun lawang-lawang, anu brasna ka alam kubur?

18Boga maneh pangabisa geusan ngukur legana jagat? Jawab, lamun enya nyaho!

19Nyaho maneh, ti mana asalna caang? Naon ari nu jadi sumbering poek?

20Bisa maneh nuduhkeun ka dinya kudu nepi ka mana majuna, atawa nitah sina baralik deui ka urut inditna?

21Tangtuna moal teu nyaho da geus sakitu kolotna. Maneh teh lain dijurukeun samemeh alam dunya digelarkeun?

22Kungsi maneh ngalanglangan gudang salju jeung hujan es?

23Eta ku Kami dihaja disimpen, geusan dikaluarkeun dina usum werit, dina usum perang jeung usum jurit.

24Kungsi maneh ngadongdon tempat bijilna sang surya, atawa ka pangancikan gelebugna angin ti wetan?

25Saha nu nyieun wahangan keur nadah cihujan? Saha nu naratas pijalaneun kilat jeung guludug?

26Saha nu nurunkeun hujan ka tempat suwung taya jalmaan?

27Saha nu nginuman tanah anu nya keri nya garing, nepi ka jujukutan jararadi?

28Ari hujan atawa ibun bogaeun bapa?

29Saha indungna ari es jeung cai kimpel,

30anu ngalantarankeun cai teuas kawas batu, beungeut sagara jeger kimpel ngajadi es?

31Bisa maneh meungkeut Bentang Tujuh jadi saranggeuy, atawa ngudaran panyimpay Bentang Orion?

32Bisa maneh ngabijilkeun bentang-bentang, luyu jeung usum-usumna, atawa ngangon bentang Biruang nu gede jeung nu leutikna?

33Nyaho maneh aturan tataning langit? Bisa maneh nerapkeun pangaruhna mega ka bumi?

34Bisa maneh ngageroan mega sarta marentah ka dinya, sangkan nurunkeun hujan geusan nyiram awak maneh?

35Bisa maneh nitah ka kilat sangkan ngerelep, nepi ka kilat teh nyampoyong barina ngomong, ‘Ngiringan sakersa Juragan’?

36Saha anu ngabejaan manuk waliwis nepi ka nyahoeun yen Walungan Nil baris banjir? Saha anu ngabejaan cangehgar nepi ka nyahoeun yen bakal hujan?

37Ti antara nu pangpinterna, saha nu bisa milang mega mendung, sarta nyolokan sina bocor ngucurkeun hujan,

38sangkan taneuh nu geus ngabata ngajadi ledok?

39Sanggup maneh mangmorokeun mamangsan keur singa, jeung pikeun anak-anakna nu kalaparan,

40ana keur kapaksa kudu nararumpi dina dungusna, atawa kudu dararepa dina guhana?

41Saha nu maraban gagak lapar kumalayang, sarta anak-anakna rarecet patingarenggak ka Kami marenta parab?


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 38 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel