Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 40 >> 

1(40:1-2) Ayub, maneh nangtang ka Allah Nu Maha Kawasa. Bisa maneh ngajawab pananya-pananya Kami, atawa rek taluk?"

2(40:1)

3(40:3-4) Ayub: "Rumaos, nun Gusti, omongan abdi sapertos omongan jelema burung. Kumaha abdi nya kedah ngawangsul? Abdi moal nyanggem nanaon deui,

4(40:3)

5parantos seueur teuing abdi nyanggem teh."

6PANGERAN ngadawuh deui, ti jero angin ribut.

7PANGERAN: "Geura cengkat masing cangker, sakumaha layakna lalaki. Jawab pertanyaan Kami.

8Maneh teh rek ngabuktikeun yen Kami teu adil? Rek nyalahkeun Kami, terus ngabenerkeun diri sorangan?

9Maneh teh naha sarua rongkah kawas Kami? Bisa sora maneh ngageleger kawas sora Kami?

10Lamun bisa hempek atuh, Kami hayang neuleu daweungna, hayang nenjo dangongna, siga kumaha gandangna, siga kumaha agungna.

11Pek ka ditu tatandang hareupeun nu galede hulu, coba hinakeun ku maneh, budalkeun amarah ka darinya.

12Coba perong sina ngeluk tingpurungkut, terus leyek tah nu jarahat teh,

13nepi ka marubuy kana taneuh, nyalalusruk ka enggon anu paraeh.

14Lamun sanggup, pasti ku Kami dipuji, meureun Kami ngaku yen maneh teh pinunjul.

15Coba awas-awas kuda Nil, boh eta boh maneh, nya Kami anu nyieunna. Ari nyatuna mah jukut, teu beda ti sapi.

16Tapi awakna bedasna kabina-bina, urat-uratna laliat.

17Ana buntutna centang, mani nanjeur jeg kai kiputri, urat pingpingna pating berehil.

18Balung-balungna tarareuas jeg tambaga, babajegna jeg ruji-ruji beusi.

19Di antara mahluk-mahluk Kami, ngan eta anu pohara matak helokna. Elehna ngan ku Anu nyiptakeunana.

20Jukut piparabeunana, sasat disodoran ti gunung-gunung, tempat pangulinan sato galak.

21Gupakna handapeun tatangkalan anu carucukan, sok nyelegon dina dapuran kaso di sisi rawa,

22diiuh-iuh ku tatangkalan nu carucukan jeung tangkal bidara, anu rajeg sisi walungan.

23Najan walungan ngocorna tarik teu inggiseun. Cai neumbagan bangusna ge, anteng-anteng bae.

24Saha nu bisa nyolok matana nepi ka lolong sangkan eta bisa kagusur? Saha nu bisa ngabarengkos bangusna?


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 40 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel