Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 41 >> 

1Bisa maneh newak Lewiatan, ditohok atawa dieurad letahna tuluy dibedol?

2Bisa maneh ngerong cungurna ku dadung atawa ngait cacapekna ku ruruhit,

3nepi ka eta lumengis menta dileupaskeun deui, atawa ampun-ampunan menta karunya,

4atawa ngikrarkeun akad sumpah yen seja kumawula ka maneh saumur-umur?

5Bisa eta teh ku maneh dicocoo kawas manuk ingu, atawa dijieun tongtoneun lanjang-lanjang maneh?

6Na eta teh bisa ditatawarkeun ka palika, atawa dijual ka tukang lauk sakeleng-sakeleng?

7Na teurak kulitna ditusuk ku trisula atawa ditojos huluna ku tohok?

8Pek pangangguran toel, sakali ge maneh kapok, bangbaungeun saumur hirup, mo poho-poho basa keur tarungna!

9Kakara ku nenjona ge geus ngalumpuruk, kabur manten pangacian.

10Ana eta geus culanggeuk, dangongna pikagimireun, bororaah aya nu wani deukeut-deukeut.

11Di sajagat hamo aya nu sanggup tarung jeung eta, bari salamet teu paeh.

12Urang tataan ku Kami wincikan anggahotana, sakumaha gagahna, sakumaha rongkah tanagana.

13Kulit luarna pamohalan bisa kasebit, pakarang pamohalan aya nu bisa nyempalkeun.

14Saha nu sanggup nyalawakkeun sungutna, anu ranggeteng ku huntu, sareukeut matak palaur?

15Tonggongna jeg dilakop ku rebuan batok, teuas alah batan batu, mani kekep parerekep,

16pateteep raraket padedempet, nepikeun ka hawa ge mo bisa seseleket.

17Awahing ku kekep jeung rekep, pamohalan aya kulitna nu bisa kabeset.

18Beresinna mani ngaburinyay, matana moncorong lir surya kakara medal.

19Bangusna nyebrot hurung, cahayana racleng patingburinyay.

20Irungna gegebosan ngabijilkeun saab, ngelun siga haseup pangdurukan jukut dina pariuk.

21Ambekanana ge mani kingkilaban, sungutna mura-murakeun seuneu.

22Pundukna istuning tangguh, tanggoh lain meumeueusan, anu paamprok tangtu kasima.

23Kulitna euweuh pisan uduh-uduhna, tarareuas ngabaketrak kawas beusi.

24Hatena teuas jeg batu, tara kaeunteupan sieun, teuas padet kawas batu panggilingan.

25Ana jung ngajurungkunung, jalma anu panggagahna ge kasima, hareugeueun, leungit tanagana.

26Pedang nambag, tumbak nyoledat, jamparing teu mahi, tohok moyodok, sagala pakarang taya nu teurak.

27Beusi dianggap jarami, tambaga dianggap pangpung bobo.

28Cadu lumpat ku dipanah, katimbul batu asa katinggang kalakay.

29Gada dianggap panggere, dilempag kalah ka genaheun.

30Sisitna rareges, reregean jiga pepecahan beling, ana ngorondang, leutak ambacak kacakar.

31Laut dikubek digibeg-gibeg, mani ngagolak lir keur ditaheur, tingburial tingberekbek jeg minyak ngagolak dina kancah.

32Alur urutna boborelakan, laut ngabudah mani bodas saluluar.

33Eta mahluk istuning euweuh kasieun, di sajagat sepi tanding tuna lawan.

34Sato anu panggagahna ge ku eta mah teu dianggap, kawantu Lewiatan mah rajaning sato galak."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 41 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel