Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 13 >> 

1PANGERAN ngandika ka Musa,

2"Maneh kudu milih salah saurang pamingpin ti saban kaom anu dua welas, tuluy utus sina ngintip ka tanah Kanaan anu ku Kami rek dibikeun ka urang Israil tea."

3(13:3-15) Ku Musa dilampahkeun, sarta anjeunna ti tanah gurun Paran ngirimkeun para pamingpin tea, nya eta: Ti kaom-Nu dikirim; Rubin-Samua bin Sakur; Simeon-Sapat bin Hori; Yuda-Kaleb bin Yepune; Isaskar-Igal bin Yusup; Epraim-Hosea bin Nun; Binyamin-Palti bin Rapu; Sebulun-Gadiel bin Sodi; Menase-Gadi bin Susi; Dan-Amiel bin Gemali; Aser-Setur bin Mikael; Naptali-Nahbi bin Wapsi; Gad-Guel bin Maki.

4(13:3)

5(13:3)

6(13:3)

7(13:3)

8(13:3)

9(13:3)

10(13:3)

11(13:3)

12(13:3)

13(13:3)

14(13:3)

15(13:3)

16Sakitu jelema-jelema anu ku Musa diutus kudu ngintip tanah Kanaan teh. Aya anu diganti ngaranna ku Musa, Hosea bin Nun jadi Yosua.

17Memeh bral ku Musa dipaparin amanat heula, saurna, "Ti dieu kudu ngaler nepi ka tanah Kanaan beulah kidul, tuluy arunggah ka pagunungan.

18Arintip ti dinya kumaha kaayaanana eta tanah, sabaraha cacah jiwana, sakumaha kakuatanana.

19Naha eta tanah teh alus atawa goreng, jelemana caricing di desa-desa anu bolongor atawa di kota-kota anu dikuta.

20Pariksa taneuhna lendo henteuna, loba henteuna tatangkalanana. Jeung balikna omat kudu mawa conto bubuahanana." Harita memang keur musimna buah anggur mimiti arasak.

21Bral utusan arindit maju ngaler. Tuluy ngintip eta tanah, ti kidulna mimiti ti tanah gurun Sin terus ngaler mapay jalan nepi ka Rehob, hiji tempat anu geus deukeut ka Hamat.

22Ti dinya terus ka Hebron, wewengkon eta tanah beulah ti kidul, pamatuhan urang Ahiman, urang Sesai jeung urang Talmai; ieu tilu suku bangsa teh turunan bangsa Enak, hiji bangsa anu awakna jarangkung gede. (Hebron mimiti kabukana teh tujuh taun samemeh Soan, hiji tempat di tanah Mesir.)

23Sanggeus nepi ka Lebak Eskol, maranehna ngala buah anggur saranggeuy. Ranggeuyanana kacida beuratna nepi ka digotong ku duaan. Ngala buah dalima deuih jeung buah kondang bawaeun mulang.

24(Eta tempat anu matak dingaranan Lebak Eskol teh lantaran perkara eta buah anggur saranggeuy anu diala ku urang Israil tea.)

25Sanggeus beres ngintipna nepi ka opat puluh poe, mata-mata teh marulang ka bangsana,

26ka Musa, Harun, jeung bangsa Israil di tanah gurun Paran wewengkon tanah Kades. Sagala papanggihanana ditepikeun bari nembongkeun bubuahan babawaanana.

27Kieu pupulihna ka Musa, "Eta tanah parantos disidikkeun. Kaayaanana beunghar sareng subur. Ieu ngabantun bubuahanana saeutik.

28Mung jalmi-jalmina kacida baredasna, kota-kotana nya arageung nya wareweg, dikuta kuat sakurilingna. Kajabi ti kitu di ditu teh aya suku bangsa anu jarangkung gede.

29Palih kidul dicicingan ku urang Amalek. Pagununganana dicicingan ku urang Het, urang Yebus, sareng urang Emor. Tempat-tempat sapanjang basisir Laut Tengah sareng sapanjang Walungan Yordan dicicingan ku urang Kanaan."

30Ti dinya Kaleb ngarepehkeun jelema-jelema anu mimiti ngageder nembongkeun kateupanujuna ka Musa. Kieu ceuk Kaleb, "Urang rurug eta tanah teh, urang rebut. Tangtu beunang ku urang."

31Tapi ceuk nu sejen-sejenna anu arindit jeung Kaleb, ngaromongna teh kieu: "Urang moal kuat ngarurug ka ditu. Urang ditu teh baredasna leuwih ti urang."

32Saterusna maranehna nyebarkeun carita palsu ka urang Israil perkara hasil lolongokna ka eta tanah, majar: "Hasil eta tanah teh keur pribumina ge teu matak mahi. Jalma-jalmana jararangkung pisan,

33malah di ditu teh loba raksasa turunan bangsa Enak. Dibanding jeung itu, urang mah mani asa sagede simeut. Moal teu kitu itu ge nganggapna ka urang."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Bilangan 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel