Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 21 >> 

1Raja tanah Arad, urang Kanaan, di wewengkon Kanaan kidul, meunang beja yen urang Israil geus araya di jalan ka Atarim. Seug mapag merangan, malah bisa ngaboyong sababaraha urang.

2Urang Israil ngedalkeun ikrar ka PANGERAN, kieu, "Upami aya widi ti Gusti dugi ka abdi sadaya tiasa ngelehkeun eta bangsa, maranehna sareng nagara-nagarana seja mutlak dibaktikeun ka kersa Gusti, bade ditumpurkeun."

3Eta ikrar ku PANGERAN dikabul, sarta Mantenna maparin pitulung, nepi ka maranehna bisa ngelehkeun urang Kanaan, jelema-jelema jeung nagara-nagarana ditumpurkeun sama sakali. Tuluy eta tempat teh dingaranan Hormah.

4Ti Gunung Hor urang Israil maju ka Teluk Akaba, maksudna rek ngurilingan wewengkon tanah Edom. Tapi di satengahing jalan maranehna leungit kasabaran,

5ngabijilkeun ucap garihal ka Musa jeung ka PANGERAN, pokna, "Ku naon abdi sadaya dibudalkeun ti Mesir, sina paraeh di ieu gurun keusik anu teu aya cai teu aya dahareun? Aya ge dahareun siga kieu, bosen!"

6Seug PANGERAN ngadatangkeun oray-oray matih, urang Israil rea nu datang ka paraeh diparacok.

7Jalma-jalma tingkaroceak ka Musa, "Abdi-abdi rumaos dosa ka PANGERAN sareng ka Bapa. Pangnedakeun ka PANGERAN supados ieu oray-oray teh disingkirkeun!"

8PANGERAN nimbalan ka Musa miwarang ngadamel oorayan tina tambaga sina dipanjer ku galah, sina dipalencrong ku nu diparacok ku oray. Anu mencrong eta tangtu moal sakara-kara.

9Musa ngadamel oorayan tina tambaga tuluy dipanjer ku galah, seug dipalencrong ku anu digaregel ku oray, tuluy calageur.

10Urang Israil maju deui, tuluy masanggrahan di Obot.

11Ti Obot maju deui, tuluy masanggrahan di ruruntuk Abarim di gurun wewengkon Moab beulah wetan.

12Ti dinya maju deui, tuluy masanggrahan di Lebak Sered.

13Maju deui, tuluy masanggrahan di Walungan Arnon peuntas kaler di tanah gurun anu tembus ka wewengkon urang Emor. Walungan Arnon jadi tapel wates antara wewengkon urang Moab jeung urang Emor.

14Anu matak dina Kitab Perang PANGERAN ditulis kieu "… kota Waheb di wewengkon Supa, jeung tanah-tanah landeuh; Walungan Arnon,

15jeung barisan lamping landeuh-landeuh anu kebat ka Ar notog ka tanah Moab."

16Ti dinya maju deui ka hiji tempat anu disebut Beer, hartina Sumur-sumur. Di dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Jelema kabeh kumpulkeun, ku Kami rek dibere cai."

17Harita urang Israil ngarawih kieu: "Eh sumur-sumur, sing bijil cai, arek dikawihkeun kieu ku kami:

18Ieu sumur dikali ku para narpati. Jeung ku para pamingpin bangsa. Dikalina ku teteken karajaan jeung ku iteuk-iteuk kakawasaanana." Ti tanah gurun eta maranehna maju deui ka Matana.

19Ti dinya maju deui ka Nahaliel. Ti Nahaliel terus ka Bamot.

20Ti Bamot terus ka hiji lengkob di wewengkon urang Moab, nampeu ka puncak Gunung Pisga, ngeunteung ka lempengan gurun keusik.

21Geus kitu urang Israil ngirim utusan ka Sihon raja urang Emor. Pamentana:

22"Kaula neda idin ngalangkung ka tanah Sang Raja. Kaula sadaya sareng ingon-ingon moal nyimpang ti jalan gede, moal ngacak ka lahan-lahan atanapi kebon-kebon anggur, moal ngala cai ti sumur, seja nyorang jalan gede bae dugi ka kaluar ti wewengkon Sang Raja."

23Raja Sihon teu ngidinan urang Israil ngaliwatan wewengkonna, kalah ka mepek balad muru ka Yahas di tanah gurun, merangan urang Israil.

24Tapi perangna eleh, baladna loba pisan anu paeh. Tanahna ku urang Israil dilindih ti semet Walungan Arnon nepi ka Walungan Yabok wates wewengkon urang Amon. Nepi ka dinya bae, da wates wewengkon urang Amon mah kuat.

25Kota-kota urang Emor, kaasup kota Hesbon jeung desa-desa sakurilingna dijabel ku urang Israil sarta dicaricingan.

26Hesbon teh ibukota tempat Sihon raja urang Emor. Eta raja tadina ngelehkeun raja Moab, raja anu ti heula, sarta ngajabel sakuliah tanahna nepi ka Walungan Arnon.

27Hal eta ku ahli dangding mah dijieun guguritan kieu, "Yu urang ka Hesbon, kota tempat Raja Sihon. Hayang terang menyatna jeung pulihna deui.

28Bareto ti Hesbon ngaburubul balad Sihon, lir seuneu ngahuru kota Ar di Moab, neureuy pasir-pasir girangeun Walungan Arnon.

29Cilaka arandika urang Moab! Cilaka arandika umat Kamos! Nu lalaki kalabur, nu awewe diboyong ku raja Emor, ku allah-allah arandika diantep bae.

30Tapi ayeuna turunan eta raja geus tumpur, dicacar sapanjang jalan ti Hesbon nepi ka Dibon ti Nasim nepi ka Nopa deukeut Medeba."

31Wewengkon urang Emor geus diandih ku urang Israil.

32Geus kitu Musa miwarang nalengteng jalan geusan ngarurug ka kota Yaser. Seug eta kota jeung desa-desa sakurilingna beunang ku urang Israil. Urang Emor anu araya di dinya dibuburak.

33Ti dinya urang Israil malik ka jalan anu ka Basan, tapi dipegat ku Raja Og sabaladna, der digempur di Edrei.

34PANGERAN ngandika ka Musa, "Tong sieun-sieun ku eta raja, maneh tangtu meunang. Eta raja jeung rahayatna katut tanahna ku Kami rek diserenkeun ka maneh. Ku maneh jieun cara ka Sihon raja urang Emor anu marentah di Hesbon."

35Og beunang ku urang Israil, dipaehan jeung anak-anakna katut rahayatna kabeh, hiji ge taya anu dihirupan, tanahna diandih.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Bilangan 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel