Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 3 >> 

1Ieu turunan Harun jeung Musa basa PANGERAN di Gunung Sinai nimbalan ka Musa.

2Putra Harun opat nya eta: Nadab anu cikal, Abihu, Elasar jeung Itamar.

3Opatanana geus diistrenan jeung dilisahan jadi imam.

4Tapi Nadab jeung Abihu mah geus teu araya, tariwas waktu nyanggakeun kurban ka PANGERAN di Gurun Keusik Sinai, lantaran ngagunakeun seuneu anu henteu halal. Duanana henteu karagungan putra. Tinggal Elasar jeung Itamar anu jaradi imam waktu Harun jumeneng keneh.

5PANGERAN ngandika deui ka Musa,

6"Kaom Lewi sina ka harareup, diangkat jadi purah babantu ka Imam Harun.

7Sagala pagawean pikeun Kemah Tepangan, sagala kaperluan pikeun imam jeung sabangsa Israil, jadi kawajiban maranehanana.

8Kitu deui ngurus paparabotan Kemah Tepangan jeung nguruskeun kaperluan urang Israil lianna.

9Ti urang Israil, anu ku Kami dibakukeun pikeun ngalalayanan Harun jeung anak-anakna ngan urang Lewi wungkul.

10Tetepkeun ku maneh, kawajiban imam mah ngan Harun jeung anak-anakna bae anu diwenangkeun. Anu sejen, anu wani-wani ngajalankeun kaimaman kudu dipaehan."

11PANGERAN ngandika deui ka Musa,

12(3:12-13) "Ayeuna urang Lewi jadi boga Kami. Basa Kami maehan sakabeh cikal urang Mesir, cikal-cikal urang Israil mah ku Kami disucikeun pikeun Kami, boh jelema boh sato. Ayeuna pikeun gantina ti sakabeh cikal urang Israil, Kami nyandak urang Lewi pikeun Kami. Kami teh PANGERAN."

13(3:12)

14PANGERAN nimbalan deui ka Musa di Gurun Keusik Sinai,

15supaya anjeunna nyacahkeun kaom Lewi, nurutkeun kaom jeung wargana. Barudak lalaki ti umur sabulan atawa leuwih kudu didaptarkeun.

16Eta timbalan ku Musa dijalankeun.

17(3:17-20) Anak Lewi tilu: Gerson, Kahat jeung Merari, luluhur kaom anu marake ngaran eta. Anak Gerson dua: Libni jeung Simei. Anak Kahat opat: Amram, Yishar, Hebron, jeung Usiel. Anak Merari dua: Mahli jeung Musi, anu jadi luluhur warga-warga nu marake eta ngaran.

18(3:17)

19(3:17)

20(3:17)

21Kaom Gerson nya eta warga Libni jeung warga Simei.

22Jumlah lalaki ti umur sabulan ka luhur kacatet aya 7.500 urang.

23Ieu kaom pakemahanana di beulah kulon, tukangeun Kemah Tepangan.

24Kapalana Elisap bin Lael.

25Kawajibanana ngurus Kemah Tepangan, ngurus tendana luar jero, ngurus lalangse pantona,

26ngurus lalangse palataranana sabudeur Kemah Tepangan, ngurus altar, jeung ngurus lalangse lawang ka palataran. Sakabeh pagawean anu tumali jeung eta, maranehna anu kawajiban ngurusna.

27Kaom Kahat nya eta warga-warga Amram, Yishar, Hebron, jeung Usiel.

28Jumlah lalakina ti umur sabulan ka luhur aya 8.600 urang.

29Pakemahanana di kiduleun Kemah Tepangan,

30kapalana Elisapan bin Usiel.

31Kawajibanana ngurus Peti Perjangjian, meja, ajug-ajug lampu, altar-altar, paparabotan imam paranti Tempat Suci, jeung ngurus lalangse lawang ka Kamar Pangsucina. Sagala pagawean anu tumali jeung eta, maranehna anu kawajiban ngurusna.

32Anu ngapalaan urang Lewi nya eta Imam Elasar putra Harun, ngatur jelema-jelema anu baroga kawajiban di jero Tempat Suci.

33Kaom Merari nya eta warga-warga Mahli jeung Musi.

34Jumlah lalaki ti umur sabulan ka luhur aya 6.200 urang.

35Pakemahanana di kalereun Kemah Tepangan, dikapalaan ku Suriel bin Abihail.

36Kawajibanana ngurus papan-papan dingding Kemah, jaruji-jarujina, tihang-tihangna, tatapakan-tatapakanana, jeung sakur anu patali jeung eta. Sagala pagawean anu tumali jeung eta, maranehna anu kudu ngurusna.

37Jaba ti eta kudu ngurus tihang-tihang katut tatapakanana, pancuh-pancuh katut tambang-tambangna di palataran luar.

38Ari Musa, Harun jeung putra-putrana, kemahna di payuneun Kemah Tepangan, beulah wetan. Kawajiban aranjeunna nya eta ngalaksanakeun upacara-upacara ibadah di Tempat Suci pikeun kapentingan urang Israil. Anu sejen, anu wani-wani pipilueun kana eta kawajiban kudu dipaehan.

39Jumlah sakabeh lalaki urang Lewi ti umur sabulan ka luhur anu ku Musa didaptarkeun nurutkeun timbalan PANGERAN, ti kabeh rundayan aya 22.000 urang.

40(3:40-41) PANGERAN ngandika deui ka Musa, "Sakabeh anak cikal urang Israil kagungan Kami. Jadi sakur anak cikal urang Israil anu lalaki, ti umur sabulan ka luhur, kabeh kudu didaptarkeun. Tapi keur gaganti maranehna anu ku Kami dicokot pikeun Kami teh ngan sakabeh urang Lewi. Kami teh PANGERAN! Nya kitu deui ingon-ingon urang Lewi ku Kami dijieun gaganti sakabeh cikal ingon-ingon urang Israil."

41(3:40)

42Prak ku Musa dijalankeun, sakabeh anak cikal lalaki

43ti umur sabulan ka luhur didaptarkeun, jumlahna aya 22.273 urang.

44PANGERAN nimbalan deui ka Musa,

45"Ayeuna geura sanggakeun ka Kami sakabeh urang Lewi, pikeun gaganti sakabeh anak cikal lalaki urang Israil. Kitu deui sakabeh cikal ingon-ingon urang Lewi sanggakeun ka Kami, pikeun gaganti cikal ingon-ingon urang Israil.

46Ku sabab anak cikal urang Israil anu lalaki leuwih 273 urang ti batan urang Lewi, eta leuwihna ku maneh kudu ditebus,

47saurangna masing-masing lima gebleg uang perak nurutkeun harga patokan di Kemah Kami.

48Duitna serenkeun ka Harun jeung anak-anakna."

49Ku Musa dijalankeun, sarta duitna,

50anu gedena 1.365 gebleg perak,

51diserenkeun ka Harun sapala putra.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Bilangan 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel