Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Daniel 12 >> 

1Malaikat nu anggoanana tina lawon lenen ngalahir deui, "Harita, malaikat agung Mikail anu ngaping bangsa maneh baris nembongan. Tuluy bakal aya jaman suker anu pangpoharana, anu can kungsi kasorang ti barang bangsa-bangsa gumelar. Lamun eta jaman geus datang, kabeh jelema ti bangsa maneh, anu ngaran-ngaranna geus dicatet dina Kitab Allah, baris disalametkeun.

2Loba anu geus paraeh bakal harirup deui, sawareh bakal genah hirup langgeng, sawareh deui bakal nandangan kahinaan salalanggengna.

3Para pamingpin nu bijaksana bakal cahayaan lir cahaya caangna langit. Anu ka jalma-jalma geus ngawurukan sangkan ngalampahkeun anu bener, bakal mencrang lir bentang-bentang, salalanggengna."

4Saurna deui, "Daniel, ayeuna tutupkeun eta kitab, tuluy segel sing rapet nepi ka ahir jaman. Sajeroning kitu bakal loba jelema anu nyoba-nyoba ngahartikeun hal-hal anu eukeur kajadian, tapi cumah moal hasil."

5Geus kitu kaula nenjo aya dua jelema di sisi walungan, peuntas ditu saurang, peuntas dieu saurang.

6Nu saurang nanya ka malaikat nu nangtungna rada jauh di beulah girang, "Iraha pianggeuseunana eta kajadian-kajadian nu ajaib teh?"

7Eta malaikat nadahkeun panangan duanana ka langit, tuluy sumpah nyebut jenengan Allah Nu Langgeng, saurna, "Lilana bakal tilu taun satengah. Upama panganiayaan ka umat Allah geus eureun, sakabeh perkara nu tadi oge tangtu anggeus."

8Kadenge ku kaula ari lahiranana mah, tapi teu kaharti. Jadi pok kaula nanyakeun, "Nanging, Juragan, ahirna teh kumaha?"

9Waleranana, "Daniel, ayeuna mah leuwih hade maneh mulang bae. Sabab eta pangandika teh kudu dirasiahkeun nepi ka ahir jaman.

10Loba jalma anu bakal diuji disina murni. Jalma-jalma nu jarahat moal ngalartieun sarta bakal terus jarahat. Ngan anu barijaksana anu baris ngaharti.

11Ti semet kurban-kurban poean tea dieuweuhkeun, nya eta ti waktu dipasangkeunana si Pikasieuneun, lilana 1.290 poe.

12Bagja jalma-jalma tetep satia nepi ka poe anu ka 1.335.

13Ari maneh, Daniel, muga sing tetep satia tepi ka ahir. Maneh bakal maot, tapi baris hirup deui geusan narima ganjaran di ahir jaman."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Daniel 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel