Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ester 4 >> 

1Barang Mordekai uninga, anjeunna nepi ka nyosoek anggoan, teras disalin ku anggoan tina karung, sarta ngawurkeun lebu kana mastaka. Tuluy angkat di jero kota bari nangis tarik awahing ku nalangsa

2nepi ka lawang karaton. Anjeunna teu terus lebet, sabab anu make pakean tina karung mah euweuh anu diidinan asup.

3Ari urang Yahudi di propinsi-propinsi anu geus meunang eta sebaran ti raja pating jarerit. Tuluy paruasa dibarung ku ceurik jeung midangdam, loba nu tuluy marake pakean tina karung, malah ngaredengna oge ngagaloler bae dina kekebul.

4Barang Ester diwartosan hal Mordekai kitu ku dayang jeung gandek-gandek, pohara tagiwurna. Geuwat Mordekai dikintunan pisalin sina gentos ulah nganggo baju karung. Tapi ku Mordekai teu ditampa.

5Ester nyaur mantri Hatah, anu ku sang raja dibakukeun ngaladenan prameswari. Ku Ester dijurung nemonan Mordekai, sangkan nalengteng ku naon nu matak kikituan.

6Mantri Hatah kaluar nemonan Mordekai di alun-alun hareupeun lawang karaton.

7Sakumaha anu kajadian ku Mordekai dicarioskeun, kitu deui gedena duit anu ku Haman dijangjikeun baris disetorkeun kana kas karajaan, saupama sakabeh urang Yahudi geus diberesan.

8Surat parentah ngagempur oge diumumkeun di Susan, salinanana diserenkeun ka mantri Hatah, bari mundut tulung sangkan diteruskeun ka Ester. Amanatna supaya Ester ngadeuheus ka raja, nyuhunkeun citeresna mugi raja aya sih piwelas ka bangsa Yahudi.

9Pamundutna ku mantri Hatah ditepikeun.

10Ti dinya Ester ngintun wartos kieu ka Mordekai,

11"Mugi uninga, jalma anu lebet ka karaton seja ngadeuheus ka raja kalayan taya panyaur, boh lalaki boh awewe, hukumanana mung sarupi, nya dipaehan. Ieu parantos jadi undang-undang, sarta sadayana kawit ti mantri dugi ka rahayat biasa parantos tarerang. Teu aya anu tiasa sumingkir tina ieu undang-undang, kajabi upami sang raja nyodorkeun teteken emas, eta jalma moal kantos dipaehan. Dupi abdi parantos sasasih henteu disaur-saur."

12Sanggeus eta kasauran Ester ditepikeun ka Mordekai,

13anjeunna ngintun waleran kieu, "Nyai ulah nyangka baris langkung aman ti dulur-dulur urang anu lianna dumeh aya di karaton raja.

14Sanajan upamina, dina kaayaan sakieu bahayana Nyai raos-raos bae, pitulung mah moal teu dongkap ti langit. Bangsa Yahudi tangtos katulungan, sawangsulna Nyai mah baris tiwas, kitu deui wargi-wargi ti rama baris mendak poe panungtungan. Ngan ceuk emutan, boa nu matak Nyai nepi ka jadi Ratu oge nya keur jadi cukang pisalameteun tina bahaya kawas ayeuna!"

15Ester ngintun deui waleran,

16"Enggal tepangan sadaya urang Yahudi anu araya di Susan. Wartoskeun kedah paruasa muasaan abdi. Ulah dalahar nginum salebet tilu dinten siang wengi. Abdi oge sareng dayang-dayang sadaya tangtos puasa. Saparantos eta abdi bade ngadeuheus ka raja, sanaos baris ngalanggar undang-undang. Saupami abdi dugi ka tiwas, abdi iklas kabina-bina."

17Bral Mordekai angkat, ngajalankeun sagala pamundut Ester.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ester 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel