Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ezra 8 >> 

1Para pamingpin golongan-golongan anu bareng marulang jeung Esra ti pangbuangan di Babul jaman Raja Artahsasta marentah nya eta:

2(8:2-14) Gersom, ti golongan Pinehas. Daniel, ti golongan Itamar. Hatus bin Sekanya, ti golongan Daud. Jakaria, ti golongan Paros jeung 150 urang kulawargana (sajarah katurunanana kacatet). Elyunai bin Serahya, ti golongan Pahat Moab jeung 200 urang kulawargana. Sekanya bin Yehasiel, ti golongan Satu jeung 300 urang kulawargana. Ebed bin Yonatan, ti golongan Adin jeung 50 urang kulawargana. Yesaya bin Atalya, ti golongan Elam jeung 70 urang kulawargana. Sebaya bin Mikael, ti golongan Sepaca jeung 80 urang kulawargana. Obaja bin Yehiel, ti golongan Yoab jeung 218 urang kulawargana. Selomit bin Yosipiya, ti golongan Bani jeung 160 urang kulawargana. Jakaria bin Bebai, ti golongan Bebai jeung 28 urang kulawargana. Yohanan bin Hakatan, ti golongan Asgad jeung 110 urang kulawargana. Elipelet, Yehiel jeung Semaya ti golongan Adonikam jeung 60 urang kulawargana (marulangna rada pandeuri). Utay jeung Sakur ti golongan Bigwai jeung 70 urang kulawargana.

3(8:2)

4(8:2)

5(8:2)

6(8:2)

7(8:2)

8(8:2)

9(8:2)

10(8:2)

11(8:2)

12(8:2)

13(8:2)

14(8:2)

15Dulur-dulur teh ku sim kuring sina kumpul di hiji walungan anu ngocor ka Ahawa. Di dinya marondok heula meunang tilu poe. Di antara dulur-dulur katilik aya imam-imam, tapi teu katingal aya kaom Lewi.

16Seug sim kuring menta tulung ka salapan kokolot nya eta Elieser, Ariel, Semaya, Elnatan, Yarib, Elnatan, Natan, Jakaria, Mesulam, jeung dua urang guru nya eta Yoyarib jeung Elnatan.

17Ku sim kuring dijurung nepungan Ido anu ngapalaan dulur-dulur di Kasipia. Ka anjeunna sadudulur tukang digarawe di Bait Allah, sim kuring menta jelema anu baris baku ngalalayanan Allah di jero Bait Allah.

18Ku berkahna Allah, aranjeunna ngirimkeun Serebya, ti kaom Lewi anu pinter, ti golongan Mahli, katut anakna dalapan belas urang jeung dulur-dulurna.

19Lian ti eta ngirimkeun Hasabya jeung Yesaya ti golongan Merari jeung baraya-barayana dua puluh urang.

20Malah ditambah 220 urang tukang digarawe di Bait Allah, anu karuhun-karuhunna ku Raja Daud jeung para gegedenna dibakukeun kana ngalaladenan kaom Lewi. Ngaran-ngaranna kabeh aya catetanana.

21Di sisi Walungan Ahawa sim kuring ngajak dulur-dulur paruasa jeung ngarendahkeun diri di payuneun Allah, seja neneda ka Mantenna, sangkan sim kuring jeung dulur-dulur katut barudak kitu deui babawaan ditangtayungan di jalan.

22Arek nyuhunkeun dikawal ku hiji pasukan kuda teh bisi di jalan diganggu musuh, sim kuring isin ku raja, lantaran ka anjeunna geus micatur yen Allah urang tangtu nyarengan ka sakur anu ngandel ka Mantenna, sarta tangtu ngahukum ka sakur anu mungkur ti Mantenna.

23Prak sim kuring jeung dulur-dulur paruasa, sarta neneda ka Allah nyuhunkeun ditangtayungan. Ku Mantenna dikabul.

24Geus kitu sim kuring milih dua belas imam kapala, nya eta Serebya, Hasabya jeung sapuluh urang deui.

25Ku sim kuring dipangnimbangkeun perak jeung emas, jeung barang-barang lianna kurnia ti raja, ti dewan pertimbangan raja, ti para gegeden jeung ti sasama urang Israil, anu maksudna keur baktikeuneun ka Bait Allah. Sanggeus ditimbang dipasrahkeun ka aranjeunna.

26(8:26-27) Ari barang-barangna nya eta: Perak 25 ton; Barang-barang tina perak 100 siki; Emas 3.400 kilogram; Pinggan emas 20 siki, beuratna 8,4 kilogram; Pinggan tambaga anu kacida alusna 2 siki, ajenna sarua jeung pinggan-pinggan emas.

27(8:26)

28Ceuk sim kuring ka aranjeunna, "Aranjeun parantos suci di payuneun PANGERAN, Allah karuhun aranjeun. Kitu deui ieu barang-barang paparabotan tina perak sareng emas pangabakti ti sakur anu rarido, ieu oge suci di payuneun PANGERAN.

29Jaga masing ati-ati nepi ka Bait Allah. Di ditu ditimbang di kamar imam, teras sanggakeun ka imam-imam kapala, ka urang Lewi, ka para sesepuh Israil di Yerusalem."

30Seug eta perak, emas jeung paparabotan ku para imam jeung kaom Lewi ditarima, dibawa ka Bait Allah di Yerusalem.

31Dina tanggal dua belas bulan kahiji, sim kuring jeung dulur-dulur ninggalkeun Walungan Ahawa, ngajugjug ka Yerusalem. Di jalan berekah disarengan ku Allah urang, diraksa ti musuh.

32Sacundukna ka Yerusalem, ngareureuh heula tilu poe.

33Dina poe kaopatna terus ka Bait Allah. Perak, emas jeung barang-barang teh ditimbang di Bait Allah, tuluy dipasrahkeun ka Imam Meremot bin Uria, anjeunna disarengan ku Elasar putra Pinehas, jeung ku duaan ti kaom Lewi nya eta Yosabat bin Yesua jeung Noaja bin Binui.

34Barang-barang kabeh geus diitung jeung ditimbang sarta dicatet-catetkeun taya nu kaliwat.

35Geus kitu dulur-dulur nu kakara marulang teh ngaduruk kurban haturan Allah Israil. Sato-sato anu dikurbankeun nya eta: sapi 12, kurban ka sakumna urang Israil, domba jalu 96, anak domba 77, embe 12, pikeun kurban panebus dosana. Kabeh diduruk jadi kurban haturan PANGERAN.

36Piagem ti raja disanggakeun ka para gupernur jeung para gegeden di Eprat Kulon, seug aranjeunna ngabantu ka bangsa urang, marere sokongan pikeun sagala kaperluan Bait Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ezra 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel