Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Filipi 3 >> 

1Cindekna dulur-dulur teh kudu suka ngahiji jeung Gusti. Sim kuring teu hoream malikan tulisan anu ti heula supaya aranjeun tambah jamuga.

2Sing ati-ati ka anjing-anjing, nya eta jelema-jelema jahat. Kitu deui ka anu sok maksa supaya jalma disunat.

3Padahal anu saenyana geus disunat mah lain maranehna, tapi urang. Urang mah geus narima sunat sajati. Urang nyembah ka Allah teh ku sabab ditungtun ku Roh Allah ku manten. Urang ngarasa sukur lantaran hirup ngahiji jeung Kristus Yesus. Urang mah teu gumantung kana upacara-upacara lahiriah.

4Saenyana lamun sim kuring rek ngawajibkeun milampah kitu, munasabah. Mun batur ngarasa gumantung kana upacara-upacara lahiriah, sim kuring mah komo,

5lantaran dina umur dalapan poe geus disunatan, jadi urang Israil ti barang lahir, asal ti kaom Binyamin bangsa Ibrani tulen. Dina hal kasaregepan kana Hukum Agama sim kuring teh jadi anggota golongan Parisi,

6ceuceub ka nu aranut ka Kristus nepi ka nganiayana. Dina nekanan parentah-parentah Hukum Agama, sim kuring taya kakuranganana.

7Tapi sanggeus terang ka Kristus, hal-hal anu tadina disangka nguntungkeun teh karasa ngarugikeunana.

8Lain eta bae, da nu karitu teh saenyana mah kabeh ge taya hargana. Ayeuna sim kuring geus meunang nu leuwih ti kitu, nya eta terang ka Kristus Yesus, Gusti sim kuring. Sanggeus terang ka Anjeunna, nu karitu teh dipiceun kabeh, dijieun runtah, supaya sim kuring bisa narima

9jeung bisa enya-enya ngahiji jeung Anjeunna. Ibadah sim kuring ka Allah ayeuna mah lain ku karana tarekah sorangan ku jalan ta’at kana Hukum Agama Yahudi, tapi ku lantaran percaya ka Kristus. Bener teh lantaran diangken bener ku Allah ku lantaran percaya ka Yesus Kristus.

10Anu dicita-cita ngan hayang enya-enya wanoh ka Kristus, hayang milu ngarasa hikmatna kakawasaan anu ngahirupkeun deui Kristus tina pupus-Na, hayang milu ancrub kana kasangsaraan Anjeunna, hayang milu maot jeung Anjeunna,

11kalayan harepan, yen sim kuring oge bakal dihudangkeun deui ti nu maraot.

12Sim kuring henteu ngakukeun geus hasil atawa geus sampurna. Masih keneh sateka-teka hayang meunangkeun ganjaran anu disayagikeun ku Kristus Yesus, luyu jeung maksad Anjeunna ngarebut jeung ngajadikeun sim kuring jadi kagungana-Na.

13Jadi pimanaeun sim kuring ngaku geus bisa ngarebut eta ganjaran. Sim kuring kudu usaha mopohokeun hal-hal anu geus kaliwat, ngudag nu aya di hareup.

14Sim kuring kudu kenceng, supaya meunangkeun eta ganjaran, nya eta hirup di sawarga, luyu jeung maksad panyaur Allah anu ditepikeun ku Kristus Yesus.

15Urang sarerea anu geus asak rohaniah, kudu kitu tekad teh. Sabalikna lamun ti aranjeun aya nu beda pamanggih, ku Allah bakal dibere terang kumaha saenyana.

16Tapi ku kitu ku kieu oge urang kudu terus junun kana pituduh-pituduh anu keur dilakonan nepi ka ayeuna.

17Tiru sim kuring, dulur-dulur. Tegeskeun batur anu nyonto hirup bener ti sim kuring.

18Loba jelema anu cara hirupna ngamusuh kana pangorbanan Kristus anu disalib. Hal ieu geus sering ku sim kuring dipepelingkeun, ayeuna ge dipepelingkeun deui bari ragragan cipanon.

19Sabab anu karitu teh geus tangtu carilaka, da miallahna kana kabeuki badani. Ngalampahkeun nu aeb teh maranehna mah malah agul, jeung ngan malikiran kadunyaan bae.

20Urang mah warga sawarga, ngadago-dago pisan kana pisumpingeuna-Na anu nyalametkeun urang, Gusti Yesus Kristus.

21Badan jasmani urang anu lemah piancureun ku Anjeunna bakal disalin, didamel saperti kaayaan salira-Na ku anjeun anu mulya. Anjeunna iasa midamel kitu sabab kagungan kakawasaan anu bisa nalukkeun saniskara.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Filipi 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel