Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Galatia 2 >> 

1Opat belas taun ti harita, sim kuring ka Yerusalem deui jeung Barnabas, bari mawa Titus.

2Ka ditu teh lantaran aya pituduh ti Allah. Dina riungan anu ngahaja diayakeun jeung para pamingpin di ditu, sim kuring nerangkeun yen sim kuring mah nginjilan bangsa-bangsa anu lain Yahudi. Nu dipalar supaya pagawean sim kuring nu enggeus-enggeus kitu deui anu eukeur disanghareupan ulah nepi ka gaplah.

3Ari Titus teh urang Yunani, ku sim kuring henteu dikudukeun disunat.

4Tapi di ditu teh aya sawatara jelema anu keukeuh ngudukeun Titus disunat. Eta anu kareukeuh kitu teh saenyana mah jelema-jelema anu nyiliwuri, pura-pura sakapercayaan, maksudna rek nalungtik nepi ka mana bebasna umat anu ngahiji jeung Kristus Yesus. Karepna rek disina jaradi kawula cara bareto deui.

5Tapi sim kuring teu undur barang satapak, tetep ngajaga supaya Injil Kasalametan tetep murni katampana ku aranjeun.

6Ari jelema-jelema anu disarebut pamingpin — sim kuring make ucapan kieu lantaran pikeun sim kuring mah sanajan maranehna pangkat naon ge sarua bae, da Allah oge moal ningali kana kaayaan lahirna — aranjeunna mah teu ngaraos kaabotan naon-naon.

7Malah ku aranjeunna kahartieun, yen sim kuring ku Allah memang dipiwarang nginjilan bangsa nu lain Yahudi, cara Petrus bae dipiwarang nginjilan urang Yahudi.

8Sabab Roh Allah ka sim kuring maparin kamampuh nginjilan bangsa nu lain Yahudi, ka Petrus maparin kamampuh nginjilan urang Yahudi. Ari geus ngalartoseun mah yen kawajiban sim kuring ti Allah teh memang kitu,

9Yakobus, Petrus, jeung Yohanes, anu kasebutna jaradi pamingpin, nyalaman ka Barnabas jeung ka sim kuring, nandakeun geus jadi sakanca. Itu ieu geus satuju: Barnabas jeung sim kuring nginjilan bangsa nu lain Yahudi, aranjeunna nginjilan urang Yahudi.

10Pamundutna ngan sarupa, nya eta supaya sim kuring ge inget ka anu mariskin nu aya dina cepengan aranjeunna. Atuh puguh eta mah, lantaran angen-angen kaula oge kitu.

11Tapi waktu Petrus keur di Antioki, kapaksa ku sim kuring diweweleh, lantaran tetela anjeunna salah.

12Harita anjeunna teh keur tuang, bareng jeung dulur-dulur nu lain urang Yahudi. Naha barang jol aya jelema-jelema utusan Yakobus, ngadak-ngadak ngajauhkeun anjeun ti dulur-dulur nu lain Yahudi tea, tuangna teu terus jeung maranehanana, sieuneun dipaido ku eta anu daratang, tukang ngudukeun kabeh jelema disunat.

13Dulur-dulur sejenna, urang Yahudi, sarua kecingna jeung munapekna jeung Petrus. Dalah Barnabas pisan kabawakeun kecing ku aranjeunna.

14Ku sabab peta aranjeunna kitu teh sidik henteu sajalan jeung kamurnian eusi Injil Kasalametan, harita keneh Petrus ku sim kuring dicawad terang-terangan. Ceuk sim kuring, "Ongkoh anjeun teh urang Yahudi, nanging ari hirup sapertos sanes Yahudi! Atuh kumaha tiasa maksa nu sanes Yahudi?"

15Nurutkeun kalahiran mah memang sim kuring teh bangsa Yahudi, lain bangsa sejen anu ceuk bangsa sim kuring mah "Jelema umat dosa".

16Tapi sanajan kitu ge sim kuring terang, yen jelema bisa diangken bener ku Allah teh lain ku pedah ngalaksanakeun Hukum Agama Yahudi, tapi ku lantaran percaya ka Yesus Kristus. Bangsa sim kuring oge kitu, supaya bisa diangken bener ku Allah teh kudu ku jalan percaya ka Kristus, lain ku jalan ngalakonan Hukum Agama Yahudi. Jadi saurang ge moal aya anu diangken bener ku Allah pedah netepan eta Hukum.

17Ayeuna, upama bangsa sim kuring sanggeus ihtiar supaya diangken bener ku Allah ku jalan hirup ngahiji jeung Kristus, tapi masih keneh jadi jelema-jelema dosa, saperti jelema-jelema lain Yahudi, naha eta dosana teh dilantarankeun ku Kristus? Lain!

18Lamun sim kuring nepi ka ngadegkeun deui pola Hukum Agama Yahudi anu ku sim kuring geus diruag, atuh sim kuring teh nembongkeun maneh ngalanggar eta Hukum.

19Padahal sim kuring geus maot tina hukum eta, dipaehkeun ku Hukum eta keneh, supaya bisa hirup pikeun Allah. Sim kuring geus dihukum paeh jeung Kristus dina salib-Na.

20Ayeuna anu hirup di jero diri sim kuring geus lain sim kuring, tapi Kristus. Ieu hirup anu keur dilakonan teh, hirup reujeung percaya ka Putra Allah, anu geus ngurbankeun hirup-Na ku anjeun ku tina asih-Na ka sim kuring.

21Ieu sih kurnia pamohalan ku sim kuring ditolak. Lamun manusa bisa diangken bener ku netepan Hukum Agama Yahudi, atuh pangorbanan Kristus nepi ka pupus teh mubadir!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Galatia 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel