Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Habakuk 1 >> 

1Ieu pesen ti PANGERAN anu diwahyukeun ka Nabi Habakuk.

2Nun PANGERAN, kedah sabaraha lamina abdi sasambat nyuhunkeun pitulung, dugi ka Gusti kersa ngadangu sareng nyalametkeun abdi sadaya tina katelengesan?

3Ku naon abdi dugi ka kedah ningal kaayaan nu sakitu jahatna? Naha Gusti kiat ningali kalakuan jalmi-jalmi sakitu arawonna? Di sakurilingeun abdi mung aya kareksakan sareng kakerasan, di mana-mana jalmi-jalmi garelut, parasea.

4Hukum taya dayana, taya damelna, kaadilan henteu jalan. Jalmi jahat disebat bageur. Kaadilan parantos tibalik.

5Ti dinya PANGERAN ngandika ka umat-Na, "Awaskeun ku maraneh bangsa-bangsa sakurilingeun maraneh. Engke maraneh bakal heran nenjona. Kami rek migawe hiji hal anu hese dipercayana ku maraneh upama ngan ngadenge caritana.

6Bangsa Babul anu galak jeung napsuna marudah, ku Kami rek dijadikeun bangsa anu rongkah. Eta bangsa ayeuna keur maju ngambah jagat, ngarebut nagri-nagri batur.

7Maranehna nyebarkeun pikasieuneun. Kalawan angkuhna maranehna ngan tunduk kana hukumna sorangan.

8Lumpat kudana leuwih kesit ti batan maung tutul, leuwih galak alah batan ajag lapar. Pasukan kudana daratang ti nagri-nagri jauh, kudana narejehan taneuh. Lajuna nyuruwuk kawas heulang nyamber mangsa.

9Pasukan tentarana gawena naluk-nalukkeun, barengis. Lamun eta pasukan geus deukeut, jalma-jalma kabeh gimir. Tawananana lobana tanpa wilangan.

10Raja-raja ku maranehna dihina, gegeden-gegeden diseungseurikeun. Taya benteng anu tagen. Di hareupeun benteng-benteng maranehna ngunggul-ngunggulkeun taneuh, tuluy bentengna direbut.

11Geus kitu eta bangsa anu ngadewa-dewakeun karongkahanana teh nyemprung maju, gancangna lir angin."

12Nun PANGERAN, Gusti teh jumeneng ti awitna. Gusti teh Allah abdi, suci sareng langgeng. Nun PANGERAN, Allah anu ngaraksa ka jisim abdi, Gusti teh geuning ngangkat bangsa Babul, dijadikeun sakitu rongkahna, kangge ngahukum abdi sadaya.

13Nanging bade tahan kumaha Gusti ningali eta jalmi-jalmi jahat tur bengis? Soca Gusti kalintang sucina, moal kiat ningali dosa, moal tahan ningali nu arawon lampah. Ku margi kitu, ku naon Gusti ngajeunkeun maranehna ngabasmi jalmi-jalmi anu langkung balener ti batan maranehna?

14Ku naon jalmi-jalmi teh ku Gusti dipidamel sapertos lauk, atanapi sapertos insekta nu teu gaduh purah ngatur?

15Jalmi-jalmi dikaitan ku urang Babul, sapertos lauk dikait ku useup, dirungkup ku heurap teras heurapna dipulut, digusur, nu ngalana surak!

16Heurapna dugi ka dipuja-puja, disasajenan, dumeh tiasa mere rupi-rupi beubeunangan sakitu mucekilna.

17Naha maranehna teh bade teras salamina ngagunakeun pedangna, ngabinasa bangsa-bangsa tanpa ampun?


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Habakuk 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel