Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Hakim-hakim 3 >> 

1Jadi di tanah eta teh aya keneh sababaraha bangsa anu ku PANGERAN dikarikeun, pikeun nguji urang Israil anu teu ngalaman peperangan di Kanaan.

2Mantenna seja ngadidik ka tiap-tiap urang Israil turunan anu anyar tina hal peperangan, pangpangna ka anu sama sakali acan kungsi ngalaman perang.

3Bangsa-bangsa nu araya keneh teh nya eta urang Pelisti di lima kota, urang Kanaan kabeh, urang Sidon jeung urang Hiwi di Pagunungan Libanon, ti semet Gunung Baal Hermon nepi ka jalan anu ka Hamat.

4Eta bangsa-bangsa dianggo pikeun nguji Israil, naha rek nurut kana timbalan-timbalan PANGERAN ka karuhun-karuhunna anu ditimbalkeun ka Musa, atawa moal.

5Ku kituna urang Israil teh aya di tengah-tengah urang Kanaan, urang Het, urang Emor, urang Pares, urang Hiwi jeung urang Yebus.

6Heug pacorok jodo sarta nyarembah ka aallahan maranehanana.

7Urang Israil poho ka PANGERAN Allahna, doraka ka Mantenna, ngabakti ka arca Baal jeung arca Asera.

8PANGERAN jadi bendu, urang Israil ku Mantenna sina dielehkeun ku Raja Kusan Rishataim ti Mesopotami, terus dijajah ku eta dalapan taun lilana.

9Seug urang Israil sasambat ka PANGERAN; Mantenna ngutus hiji pamingpin pikeun ngabebaskeun maranehanana, nya eta Otniel bin Kenas kapiputra Kaleb.

10Otniel diauban ku Roh PANGERAN, tuluy jadi pamingpin Israil. Raja Mesopotami ku anjeunna eleh diperangan.

11Geus kitu tanah eta jadi kerta, opat puluh taun lilana. Ti dinya Otniel pupus.

12Urang Israil doraka deui ka PANGERAN. Ku hal eta PANGERAN ngersakeun Raja Eglon ti Moab jadi leuwih kuat ti batan Israil.

13Raja Eglon ngahiji jeung urang Amon jeung urang Amalek, ngelehkeun Israil, ngarampas kota Yeriho, kota tangkal korma tea.

14Urang Israil tuluy dijajah nepi ka dalapan belas taun.

15Geus kitu urang Israil sasambat ka PANGERAN. Seug dikintun hiji pamingpin pikeun ngabebaskeun maranehanana, nya eta Ehud. Ari Ehud teh ngede. Anjeunna putra Gera ti kaom Binyamin. Urang Israil ngutus Ehud ka Moab, nganteurkeun upeti ka Raja Eglon.

16Ehud geus ngadamel pedang anu dua pangadekna, panjangna meh satengah meter. Eta pedang disoren pageuh beulah katuhu jeroeun jubah.

17Ehud angkat nyandak upeti ka Raja Eglon. Ieu raja kacida lintuhna.

18Beres nyanggakeun upeti, jalma-jalma anu ngakut eta upeti ku Ehud dijurung terus marulang.

19Ehud ku anjeun ti tempat batu-batu ukir di Gilgal malik deui ngadeuheus ka Eglon. Saurna, "Gusti Sang Raja! Jisim abdi seja ngunjukkeun hiji rasiah." Raja nimbalan ka abdi-abdina, "Maraneh kalaluar heula!" Tuluy abdi-abdina kalaluar.

20Sanggeus raja calik nyalira di loteng paniisan, Ehud nyaketan bari saurna, "Sang Raja! Sim kuring ngemban pangandika Allah!" Neut sang raja ngadeg.

21Serepet Ehud mesat pedang anu disoren di katuhu ku panangan kiwa, bles ditubleskeun kana beuteung raja,

22ambles jeung perah-perahna bari kalimpudan deui ku gajih. Pedang teh ku Ehud teu dicabut, diantep sina nancleb dina beuteung raja, parat tembus kana palangkakan.

23Geus kitu Ehud kaluar, panto loteng ditutup dikoncikeun,

24terus anjeunna angkat. Abdi-abdi raja mireungeuh panto-panto narutup teh anggur nyangka yen raja di lebet eukeur leleson.

25Sanggeus kesel narungguan sarta raja henteu bae muka panto, top maranehanana kana konci, panto dibuka. Ana bray, kasampak rajana geus teu nyawaan ngajolopong dina ubin.

26Sabot abdi-abdi raja tarunggu, Ehud mah geus ngalolos ka Sira ngaliwatan tempat batu-batu ukir tea.

27Sasumpingna ka daerah pagunungan Epraim, anjeunna niup tarompet ngumpulkeun balad Israil pikeun maju jurit, terus dipingpin mudun ti pasir.

28Saurna ka prajurit-prajurit, "Hiap tuturkeun. Musuh aranjeun, urang Moab, ku PANGERAN geus diselehkeun ka aranjeun." Brul naluturkeun Ehud, tuluy ngarebut hiji tempat paranti urang Moab meuntasan Walungan Yordan. Taya hiji urang Moab anu bisa meuntas.

29Poe eta urang Israil niwaskeun kurang leuwih sapuluh rebu perjurit Moab petinganana, taya hiji anu bisa luput.

30Poe eta Moab dielehkeun ku Israil, saterusna tanah eta jadi kerta dalapan puluh taun lilana.

31Sanggeus Ehud, nu jadi pamingpin teh Samgar bin Anat, anu ngajait Israil ku jalan ngabasmi genep ratus urang Pelisti ku iteuk paranti ngagebahkeun sapi.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Hakim-hakim 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel