Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Hosea 14 >> 

1Eh urang Israil, geura baralik deui ka PANGERAN, Allah maraneh. Maraneh geus tisoledat jeung tibeubeut ku dosa sorangan.

2Geura tarobat ka PANGERAN, sarta ieu paneda ku maraneh unjukkeun ka Mantenna, "Mugi hapunten samudaya kalepatan abdi sadaya, sareng ieu paneda mugi ditampi. Abdi-abdi sumeja muji ka Gusti, sakumaha jangji abdi-abdi kapungkur.

3Urang Asur teu tiasaeun nyalametkeun, kuda tempur teu tiasa ngabelaan. Moal deui-deui abdi sadaya nyebatkeun yen arca-arca brahala teh Allah abdi-abdi. Nun PANGERAN, mugi kersa mikawelas ka sakur nu parantos teu gaduh saha-saha kangge pamuntangan."

4PANGERAN ngandika, "Kami rek nyokot umat Kami sina baralik, baris dipikaasih saiklas-iklasna, amarah Kami ka maranehna geus leler.

5Kami ka urang Israil baris jadi saperti hujan ka tanah nu garing. Maranehna bakal mekar cara kembang beukah, bakal teguh kuat akarna, saperti tatangkalan di Libanon.

6Hirupna baris mulus sarta mekar, tur endah saperti tangkal jetun, bakal seungit ngadalingding, saperti tangkal kiputri Libanon.

7Hirupna baris aya deui dina pangraksa Kami, bakal mukti saperti gandum paneneun, leubeut buahna saperti tangkal anggur di jero kebon. Maranehna bakal kasohor, sasohor anggur ti Libanon.

8Urang Israil moal pakait deui jeung brahala-brahala, Kami anu baris ngajawab panyambatna, anu baris miarana, Kami nu jadi panyalindunganana, ngauban saperti tangkal nu daunna harejo sapapanjangna. Nya Kami anu jadi sumber berkah maranehna."

9Muga sakur nu bijaksana paham ka nu ditulis di dieu sarta nyimpen hal eta dina hatena. Jalan ti PANGERAN kabeh bener, sarta jalma nu bener lampahna naluturkeun eta jalan. Sabalikna nu daroraka bakal titarajong sarta lalabuh lantaran teu daek make eta jalan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Hosea 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel