Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Hosea 5 >> 

1Eh para imam, darengekeun! Eh sakabeh umat Israil, raregepkeun! Eh sakabeh kulawarga karajaan, tarengetkeun! Maraneh baris diterapan hukuman. Sabab maraneh, anu kuduna ngahakiman masing adil, anggur sabalikna. Maraneh di Mispa geus jadi tataheunan, di Gunung Tabor geus jadi tali eurad,

2di kota Akasia geus jadi liang jero. Ku sabab kitu maraneh kabeh ku Kami baris dihukum.

3Kami nyaho kana kaayaan Israil nu saenyana. Israil moal bisa nyumput ti Kami. Manehna geus teu satia, rahayatna geus teu pantes ngabakti ka Kami."

4Jalma-jalma geus hamo bisa tarobat deui ka Allahna, sabab dipegatan ku kajahatanana. Maranehna geus moal ngaku deui ka Allah, sabab geus kacerek ku brahala.

5Kaangkuhan urang Israil netelakeun kasalahanana. Dosana ngalantarankeun maranehna titarajong jeung lalabuh, sarta urang oge bareng lalabuh jeung maranehna.

6Maranehanana mawa domba jeung sapi, kurbankeuneun ka PANGERAN, tapi moal aya gunana. PANGERAN moal kapanggih ku maranehanana, sabab geus nilarkeun.

7Maranehanana geus teu satia ka PANGERAN. Anak incuna geus lain umat kagungana-Na deui. Ku sabab kitu, maranehanana katut lemah caina bakal gancang dibasmi.

8Geura tiup tarompet perang di Giba! Geura sadakeun tangara perang di Ramah! Gorowokkeun panangtang perang di Bet Awen! Eh urang Binyamin, geura maju perang!

9Poean hukuman tereh datang. Urang Israil baris ditumpes. Eh urang Israil, ieu hal pasti jadi!

10PANGERAN ngandika, "Kami ambek, lantaran pamingpin-pamingpin urang Yuda nempuh ka Israil sarta maling tanahna. Ku sabab kitu Kami rek ngabedahkeun hukuman, sina narajang ka maranehna lir caah.

11Urang Israil keur nandang panggencet, sarta geus kaleungitan tanah milik sahna, lantaran keukeuh menta tulung ka nu sama sakali teu bisa nulung naon-naon.

12Israil ku Kami rek dibasmi, sarta urang Yuda rek ditumpes.

13Sanggeus Israil ngarasa yen dirina geus kacida ripuhna, kitu deui Yuda geus nenjo raheut-raheutna sorangan, Israil tuluy indit ka Asur, menta pitulung ka raja gede di dinya, tapi eta raja moal bisaeun ngubaran atawa nyageurkeun raheut-raheutna.

14Kami rek narajang ka urang Israil jeung urang Yuda cara singa, rek disasaak tuluy ditinggalkeun. Lamun maranehna ku Kami geus digusur, saurang ge moal aya nu bisaeun nyalametkeun.

15Umat Kami ku Kami rek ditinggalkeun, nepi ka cukup nandanganana sangsara ku karana dosa-dosana, sarta tuluy nareangan Kami. Ari geus sangsara kitu mah sugan daraekeun neangan Kami."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Hosea 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel