Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ibrani 12 >> 

1Jadi urang teh disaksian ku anu sakitu lobana di sakurilingeun urang. Anu matak hayu sakur anu matak beurat jeung dosa anu napel pageuh dina diri urang teh urang piceun, supaya bisa nempuh pangbalapan nu keur dilakonan.

2Puseurkeun paneuteup ka Yesus, tempat ngagantungkeun pangharepan urang ti awal nepi ka ahir. Anjeunna kuat nandangan panyiksa salib, henteu jejerih, henteu malire kana hinana anu maot disalib, lantaran emut kana kabagjaan nu bakal datang. Ayeuna Anjeunna geus linggih di tengeneun tahta Allah.

3Pek wangwang, kumaha beuratna Anjeunna nandangan kagiruk jelema-jelema anu daroraka! Anu matak aranjeun ulah leutik hate, ulah nepi ka pegat pangharepan.

4Aranjeun mah tarung jeung dosa teh teu nepi ka ngocorkeun getih.

5Sageuy geus paroho kana pepeling Allah anu mepelingan aranjeun kawas ka putra-putra-Na! Pepeling-Na, "Anaking, regepkeun pepeling Pangeran, ulah nyungkelit lamun diseukseukan.

6Anu ku Pangeran dipeperih tanda diasih, anu ku Mantenna diwarah tanda diangken putra."

7Sing sabar narima pameperih-Na anu teu beda ti pameperih hiji bapa, tanda Mantenna ngangken putra. Bapa mana anu tara meperih anakna?

8Lamun aranjeun henteu dipeperih sakumaha layakna nu jadi putra-Na, tanda aranjeun lain putra-Na anu sah.

9Ku bapa anu di dunya urang sok dipeperih, urang ngajenan ka anjeunna. Atuh komo ka Rama rohani, urang kudu leuwih ajrih supaya hirup!

10Bapa urang nu di dunya, meperihna aya wates waktuna, anu meujeuhna ceuk timbanganana. Allah meperihna teh keur pibagjaeun urang, supaya urang bisa milu kana kasucian Mantenna.

11Memang keur dipeperih mah asa nalangsa, boro-boro bungah. Tapi sanggeusna, lamun urang tawekal nandanganana, tangtu karasa bagja jeung jamugana.

12Pentang-pentangkeun leungeun anu geus leuseuh, jagjagkeun tuur anu nyorocod,

13leumpang salawasna kudu di jalan lempeng, supaya suku anu geus pincang ulah nepi ka tipalitek, malah sing jadi cageur.

14Sing akur jeung pada batur, kudu dialajar hirup suci, sabab lamun teu kitu pamohalan bisa patenjo jeung Gusti.

15Jaga, ulah nepi ka aya anu kaluar deui tina sih kurnia Allah. Jeung ulah aya anu ngajadi saperti tutuwuhan pait ngandung racun, sarta racunna ngadatangkeun karuksakan jeung kasusahan ka sarerea.

16Ulah aya nu kawas Esau, rucah jeung teu make agama, nepi ka hak cikalna ditukeurkeun kana dahareun sakalieun.

17Sakumaha aranjeun ge terang, waktu manehna menta berkah, nepi ka ngurihit bari ceurik lantaran kaduhung ku kalakuanana, ku Ishak teu dikabulkeun lantaran hakna geus leungit.

18Aranjeun henteu ngalaman kasieun anu kaalaman ku urang Israil baheula. Maranehna daratang nyanghareupan Gunung Sinai anu keur hurung ku seuneu, nyanghareupan poek, angkeub, angin ribut,

19sora tarompet, jeung sora hiji soara anu ucapanana geueuman. Urang Israil nepi ka sasambat supaya eta soara eureun,

20sabab maranehanana teu tahan ngadengekeun parentah nu ditepikeun ku eta soara. Ungel eta soara, "Anu nincak kana ieu gunung, najan sato kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh."

21Tetenjoan anu kacida pikasieuneunana, Musa oge nepi ka ngalahir, "Kami ngadegdeg, sieun!"

22Aranjeun mah sabalikna, daratang teh ka Gunung Sion jeung ka kota Allah anu jumeneng, nya eta Yerusalem sawarga reujeung mangrebu-rebu malaikatna.

23Aranjeun mah daratang teh ka nu pikabungaheun, tempat kumpulna putra-putra cikal Allah, anu ngaran-ngaranna geus didaptar di sawarga. Aranjeun geus daratang ka Allah, Hakim sakumna manusa.

24Aranjeun mah nyanghareupan roh-roh jelema-jelema harade anu geus disampurnakeun. Aranjeun geus daratang ka Yesus anu geus ngayakeun perjangjian anu anyar. Aranjeun geus narenjo getih anu dipake ngepretan, anu ngajangjikeun hal anu leuwih pikasenangeun, getih anu leuwih utama ti batan getih Habil.

25Jadi sing ati-ati, ulah nepi ka arembung ngadenge pilahir-Na. Geuning anu arembung ngadenge ka anu ngembarkeun amanat Allah di bumi teu barisa luput tina hukuman. Komo deui lamun arembung ngadenge ka anu ngalahir di sawarga! Leuwih pamohalan bisa luput!

26Harita gentra-Na ngagenjlongkeun ieu bumi. Tapi gentra-Na ayeuna mah, "Sakali deui ku Kami rek digenjlongkeun, lain bumi bae, sakalian jeung langit."

27Ungel "Sakali deui" nuduhkeun yen sagala nu geus aya bakal digenjlongkeun jeung disingkirkeun, nu tinggal ngan anu henteu bisa genjlong.

28Ku sabab eta urang kudu muji sukur, lantaran anu katarima ku urang mah hiji karajaan anu moal bisa digenjlongkeun. Puji sukur ka Allah, jeung hayu urang ngabakti ka Mantenna reujeung hormat sarta ajrih, sing matak suka kana manah-Na,

29sabab Allah urang teh lir seuneu anu ngabasmi.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ibrani 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel