Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ibrani 13 >> 

1Teruskeun silih pikanyaah, sakumaha layakna urang Kristen.

2Kudu akuan ka anu datang ka imah urang. Aya sawatara jelema, ku lantaran akuan kungsi ngaku semah, teu nyahoeun yen semahna teh malaikat.

3Sing aringet ka nu araya di jero panjara, lir aranjeun sorangan ge milu dipanjara. Sing aringet ka nu balangsak, lir diri sorangan oge balangsak.

4Ajenan perkawinan, laki rabi sing pada-pada satia. Anu nyelewer atawa jinah tangtu dihukum ku Allah.

5Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya. Sabab dawuhan Allah, "Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun."

6Ku sabab kitu urang werat ngucap kieu, "Pangeran Panulung kuring, kuring moal salempang. Rek bisa naon manusa ka diri kuring?"

7Sing aringet ka anu geus narungtun jeung nepikeun amanat Allah ka aranjeun. Eling-eling deui kumaha jalan hirupna, kumaha jalan pupusna, pake conto iman aranjeunna.

8Yesus Kristus mah tetep teu barobah, bareto, ayeuna, pageto.

9Poma ulah kapangaruhan ku pangajaran-pangajaran sejen anu bisa nyimpangkeun ti jalan anu bener. Kuatkeun jiwa aranjeun ku sih kurnia ti Allah, ulah ku jalan nedunan aturan-aturan perkara kadaharan. Anu ngaralakonan aturan-aturan kitu geuning teu meunang mangpa’at naon-naon.

10Imam-imam anu naretepan kawajiban di tempat ibadahna urang Yahudi teu meunang ngadahar daging kurban tina altar pangurbanan.

11Getih sato anu dikurbankeun ku Imam Agung dicandak ka Kamar Pangsucina, kurbankeuneun pikeun nebus dosa, ari awak satona dibeuleum di luareun pakemahan.

12Eta sababna Yesus oge ditelasanana di luareun kota, getih Anjeunna nyucikeun umat-Na tina dosana.

13Anu matak hayu urang ka Anjeunna di luareun Kemah, supaya urang oge dihina bareng jeung Anjeunna.

14Sabab pamatuhan maneuh urang mah lain di bumi ieu; tempat urang mah sungsieun keneh pikeun jaga.

15Jadi urang ku jalan Yesus salawasna kudu muji ka Allah, minangka kurban urang, nya eta lisan biwir anu ngaku yen Mantenna teh Pangeran.

16Ulah poho kana nyieun kahadean jeung silih pikanyaah. Lampah kitu teh kurban-kurban anu kacida sapukna jeung manah Allah.

17Ka nu jaradi pamingpin kudu narurut, jalankeun sagala aturanana. Aranjeunna teu kendat-kendat nalingakeun kasalametan jiwa aranjeun, tur sagala kawajibanana teh aya tanggung jawabna ka Allah. Tarurut, supaya ngajalankeun kawajibanana teh reujeung janglar hate, sabab ari jeung bari nguluwut mah tangtu moal bisaeun nulung ka aranjeun.

18Ulah pegat-pegat ngadoakeun sim kuring. Sing percaya, tekad sim kuring teh ceuk rarasaan mah beresih. Nu dipambrih taya deui salian ti hayang salawasna bisa ngalampahkeun anu bener.

19Pangpangna doakeun mugi-mugi sim kuring ku Allah diparengkeun bisa tereh-tereh datang deui ka aranjeun.

20Yesus, Gusti urang, ku Allah geus digugahkeun, hirup deui. Ku lantaran geus nyorang pupus, ayeuna Anjeunna jadi lir pangangon, Pangangon Agung urang, ari urang lir domba-domba-Na. Sarta ku jalan pupusna Anjeunna geus ngukuhkeun jeung ngalanggengkeun eusi perjangjian Allah.

21Mugia Allah sumber kabagjaan maparin berkah ka aranjeun, supaya aranjeun bisa ngalakonan pangersa-Na. Mugia ku karana Yesus Kristus, Allah nuyun urang supaya urang bisa ngalampahkeun anu sapuk jeung manah-Na. Agungkeun Kristus salalanggengna! Amin.

22Mugi sing salabar maca ieu pepeling sim kuring, da ieu surat teh henteu sabaraha panjangna.

23Sakalian sim kuring ngabejaan, Timoteus dulur urang geus kaluar ti panjara. Sadatangna ku sim kuring rek diajak nepungan aranjeun.

24Salam sim kuring ka para pamingpin aranjeun, kitu deui ka sakumna umat Allah di dieu. Salam deui ti dulur-dulur urang di Itali.

25Mugi-mugi sih kurnia Allah nyarengan ka aranjeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ibrani 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel