Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Imamat 10 >> 

1Dina hiji mangsa dua putra Harun anu jenengan Nadab jeung Abihu ngarukus, parukuyanana hiji sewang. Geus diseuneuan tuluy dipurulukan dupa dihaturkeun ka PANGERAN. Tapi seuneuna lain seuneu suci, lain pamundut PANGERAN.

2Gur aya seuneu ti PANGERAN ngalebur ka aranjeunna nepi ka tiwas di dinya.

3Saur Musa ka Harun, "Timbalan PANGERAN kapungkur kumaha! Kapan timbalana-Na ge, ‘Anu marek ka Kami kudu nganyahokeun kana kasucian Kami. Kami mundut dimulyakeun di hareupeun sakabeh jelema.’" Harun cicing bae teu ngawaler.

4Musa nyaur Misael jeung Elsapan anak Usiel, pamanna Harun. Saurna, "Gotong ieu mayit dulur maraneh, kaluarkeun ti ieu Kemah anu suci, bawa ka luareun pasanggrahan."

5Dua mayit digotong dina jubahna keneh, dibarawa ka luareun pasanggrahan sakumaha parentah Musa.

6Musa misaur ka Harun jeung ka putrana anu jenengan Elasar jeung Itamar, saurna, "Aranjeun teu kenging ngusut-ngusut rambut sareng nyosoeh anggoan ciri prihatin katilar ku ieu nu nembe hilang, sabab tangtu aranjeun tiwas, sarta PANGERAN tangtu bendu ka sakumna urang Israil. Wargi-wargi anu sanesna kenging nawiskeun prihatinna ku ieu nu nembe hilang, anu tiwasna ku seuneu ti PANGERAN.

7Sareng aranjeun ulah ngantunkeun lawang Kemah Tepangan. Upami ngantunkeun tangtos tiwas, karana aranjeun parantos disucikeun ku minyak suci kagungan PANGERAN." Aranjeunna nurut.

8PANGERAN nimbalan ka Harun,

9"Maneh jeung anak maneh, mun rek asup ka jero Kemah Tepangan teu meunang nginum anggur atawa arak, bisi tiwas. Ieu jadi papakon pikeun maneh turun tumurun.

10Maneh kudu ngabedakeun mana anggoeun Allah, mana pakeeun umum, mana nu halal mana nu haram.

11Pikukuh-pikukuh Kami geus ditimbalkeun ka Musa, ku maraneh ajarkeun ka urang Israil."

12Musa ngalahir ka Harun jeung putrana nu araya keneh, nya eta Elasar jeung Itamar, pilahirna, "Kurban kadaharan sesa tina hancengan PANGERAN tea candak, damel roti teu diragi, lajeng taruang di gigireun altar, margi eta katedaan teh kacida sucina.

13Eta pibagianeun anjeun sareng putra tina hancengan anu dihaturkeun ka PANGERAN. Omat, dituangna kedah di tempat anu suci. Kitu timbalan PANGERAN ka kaula.

14Dada sareng pingping anu parantos dihaturkeun ka PANGERAN keur bagian para imam, kenging dituang ku anjeun saputra garwa, di tempat anu beresih. Eta pibagianeun anjeun sareng putra-putra, bagian tina kurban panarima ti urang Israil.

15Pingping sareng dada kurban kedah disanggakeun heula ka PANGERAN, hijikeun sareng gajih anu bade dijieun kurban kadaharan. Saparantos kitu nembe eta jadi pibagianeun anjeun sareng putra-putra; kedah kitu salamina, kitu timbalan PANGERAN."

16Ti dinya Musa mariksakeun embe anu dijieun kurban pamupus dosa tea. Seug kauninga yen geus beak diduruk. Ku sabab kitu anjeunna bendu ka Elasar jeung Itamar nepi ka nyeuseul,

17"Ku naon henteu ditaruang di tempat suci? Eta teh suci kabina-bina, ku PANGERAN dipaparinkeun ka aranjeun pikeun ngaleungitkeun dosa sakumna bangsa Israil.

18Getih embe tea henteu dibawa asup ka Kemah PANGERAN, jadi eta kurban teh ku aranjeun kedah dituang di dinya. Kitu kapan sanggem kaula teh."

19Harun ngawaler, "Saupami dinten ieu sim kuring ngadahar eta kurban pamupus dosa, naha eta teh matak langkung bingah ka PANGERAN? Dinten ieu sakumna bangsa Israil nyanggakeun kurban dosa ka PANGERAN, kitu deui kurban beuleuman. Kari-kari balukarna ka sim kuring sakieu awonna."

20(10-19b) Waleran Harun ku Musa kahartoseun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Imamat 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel