Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Imamat 22 >> 

1PANGERAN ngandika deui ka Musa,

2sangkan anjeunna nyaurkeun ka Harun sapala putra kieu, "Maraneh sing ati-ati ngajaga kasucian jenengan Kami. Jadi lamun keur ngahaturkeun kurban-kurban pangbakti ti urang Israil kudu nurutkeun anggah-ungguh anu baku. Kami teh PANGERAN.

3Lamun maraneh keur dina kaayaan najis heug deukeut-deukeut kana kurban suci pangbakti ti urang Israil, saumur-umur teu meunang deui ngalalayanan altar. Pikukuh ieu pikeun sapapanjangna. Kami teh PANGERAN.

4Turunan Harun anu boga kasakit lepra atawa bengang, teu meunang aya anu milu ngadahar kurban-kurban suci sapanjang kaayaanana tacan pulih beresih deui. Unggal imam bakal najis kaayaanana lamun tas antel kana bangke, atawa tas kaluar cikama,

5atawa tas antel kana sato anu najis, atawa ka jelema anu keur najis.

6Imam anu kanajisan, sanajan meunang ngadahar kurban suci oge lamun can tepi ka burit jeung can mandi beberesih mah kaayaanana tetep najis.

7Bisana beresih deui sanggeus surup panonpoe. Geus kitu kakara meunang ngadahar kurban-kurban suci anu memang dahareunana.

8Imam teu meunang ngadahar daging sato anu paeh bangkar atawa paeh ku sato galak, matak najis kana dirina. Kami teh PANGERAN.

9Kabeh imam kudu gumati kana pikukuh-pikukuh ti Kami. Salah lamun teu kitu, sarta tangtu bakal tiwas lantaran henteu iman kana pikukuh-pikukuh suci. Kami teh PANGERAN, anu geus nyucikeun maranehna.

10Anu wenang milu ngadahar kurban-kurban suci ngan anak jeung pamajikanana bae. Nu lian mah kajeun saimah atawa jelema upahanana, teu diidinan.

11Tapi gandek-gandek beulianana atawa anu dijurukeunana di imahna, meunang ngadahar sesa urut imam.

12Anak imam nu awewe, anu salakina lain imam, teu meunang ngadahar kurban-kurban suci.

13Tapi upama geus jadi randa atawa geus ditalak tur saimah deui sarta jadi tanggunganana, meunang ngadahar tina alas imam, ti bapana. Jadi anu meunang milu ngadahar teh ngan saanak pamajikanana bae.

14Jelema anu lain kulawarga imam, lamun teu kahaja ngadahar kurban suci, ka imam kudu ngaganti saharga anu didahar ditambah saperlimana tina pihargaeunana.

15Imam kudu ngajaga kasucianana kurban pikeun Kami,

16teu meunang ngajeunkeun eta didahar ku nu lain hakna. Jelema kitu teh salah jeung kudu dihukum. Kami teh PANGERAN, anu nyucikeun sagala kurban."

17PANGERAN ngandika deui ka Musa,

18supaya anjeunna nyaurkeun ka Harun sapala putra jeung ka bangsa Israil, pikukuh ieu: Lamun urang Israil atawa nu sejen rek ngabaktikeun kurban beuleuman, boh keur mayar kaul boh ku karana suka rela, satona teu meunang cacad naon-naon,

19sarta kudu anu jalu jeung mulus supaya ditampi.

20Nu cacad mah ku PANGERAN moal ditampi.

21Lamun rek ngabaktikeun kurban panarima ka PANGERAN, boh keur mayar kaul boh ku karana suka sorangan, anu bakal ditampi teh anu teu aya cacadna.

22Ka PANGERAN teu meunang ngabaktikeun sato pecak, pengkor, buntung, gering, kurap atawa budug. Sato kitu mah ulah dikana altarkeun, ulah dijieun kurban kadaharan.

23Lamun ngurban ku karana suka sorangan, sato kore atawa anggahotana kurang sampurna oge meunang. Tapi keur mayar kaul mah sato kitu teh moal ditampi.

24Sato anu kanjutna pejet atawa kakeureut atawa eumeur atawa rangsak, ulah dibaktikeun ka PANGERAN. Hal sarupa kitu ulah dijalankeun di sakuliah tanah maraneh.

25Ulah mere sato anu asal ti urang asing pikeun jadi kurban kadaharan. Nu kitu mah dianggap cacad bae, moal ditampi.

26(22:26-27) Anak sapi atawa anak domba atawa anak embe anu anyar dijurukeun, samemeh umurna tujuh poe mah acan meunang dicokot ti indungna. Lamun geus umur sakitu meunang dijieun kurban kadaharan sarta bakal ditampi.

27(22:26)

28Indung sapi atawa indung domba atawa indung embe lamun rek dikurbankeun jeung anakna, dikurbankeunana ulah dibarengkeun sapoe reujeung.

29Nyanggakeun kurban panarima ka PANGERAN kudu nurutkeun pikukuhna, sangkan panarima maraneh katampi.

30Dagingna kudu beak didahar sapoe eta teu meunang nyesa nepi ka poe isukna.

31PANGERAN ngandika, "Turutkeun timbalan-timbalan Kami; Kami teh PANGERAN.

32Ulah ngotoran jenengan Kami nu suci. Sakumna urang Israil kudu ngaku yen Kami teh Maha Suci. Kami teh PANGERAN, sarta maraneh ku Kami geus dijadikeun suci.

33Kami geus ngaluarkeun maraneh ti Mesir sangkan Kami jadi Allah maraneh. Kami teh PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Imamat 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel