Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Imamat 7 >> 

1Ieu aturan kurban kasalahan. Aturanana suci.

2Pikurbaneunana peuncit di tempat paranti meuncit sato kurban beuleuman, nya eta di kalereun altar, sarta getihna kudu disiramkeun kana opat pongpok altar.

3Gajihna kabeh ala kana altarkeun, nya eta gajih buntut, gajih jeroan,

4giginjel duanana jeung gajihna, jeung babagian ati anu pangalusna.

5Beuleum gajihna kabeh ku imam dina altar, jieun kurban kadaharan haturan PANGERAN. Eta kurban kasalahan.

6Kulawarga imam anu lalaki kabeh kudu milu ngadahar eta daging kurban. Didaharna kudu di tempat anu suci, sabab eta kadaharan teh suci.

7Boh pikeun kurban pamupus dosa boh pikeun kurban kasalahan, aya katangtuanana, nya eta dagingna pikeun imam anu ngurbankeun.

8Sato kurban beuleuman kulitna pikeun imam anu ngurbankeun.

9Tiap kurban kadaharan, boh anu meunang meuleum boh anu digoreng atawa didadar, eta pikeun imam anu ngurbankeun.

10Kurban kadaharan anu henteu diasakan, boh nu make minyak boh nu tuhur, eta pikeun para imam turunan Harun, bagikeun sing walatra di antara maranehna.

11Ieu aturan hal nyanggakeun kurban panarima ka PANGERAN.

12Anu nyieun kurban panarima tanda rasa sukur ka Allah, jaba ti ngurbankeun sato kudu ngahaturkeun roti anu teu diragi. Rotina meunang anu kandel anu diadonan ku minyak jetun, meunang anu ipis anu diulasan ku minyak jetun, atawa kueh-kueh anu diadonanana ku minyak jetun,

13jeung beuleum roti anu teu diragi.

14Tina tiap eta kadaharan ku manehna kudu dibaktikeun sabagian ka PANGERAN; eta teh jadi bagian pikeun imam anu nyiramkeun getih sato kurban kana altar tea.

15Daging kurbanna kudu beak didahar poe eta keneh, poe dikurbankeunana, teu meunang disesakeun nepi ka isuk.

16Kurban panarima ti jelema anu maksudna nekanan nadar, atawa pedah kajurung ku niat sorangan, dagingna kudu didahar poe eta keneh, poe dikurbankeunana; upama teu beak, meunang diisukkeun.

17Tapi lamun nepi ka pagetona aya keneh, kudu diduruk masing beak.

18Sabab lamun geus tilu poe didahar keneh bae, kurbanna ku PANGERAN moal ditampi jeung moal matak jadi berkah ka manehna, malah haram sarta bakal aya balukarna ka anu ngadahar.

19Upama eta daging kakeunaan ku nu najis, teu meunang didahar, kudu diduruk. Saha bae meunang milu ngadahar asal dirina teu kanajisan.

20Sing saha anu dirina keur kanajisan seug ngadahar eta, teu meunang diaku deui umat Allah.

21Kitu deui jelema anu tas nyabak barang najis, boh najis nu asal ti jelema boh anu asal ti sato, lamun ngadahar eta daging kurban teu meunang diaku deui umat Allah.

22PANGERAN ka Musa ngandikakeun deui aturan

23pikeun urang Israil. Urang Israil teu meunang ngadahar gajih sapi, domba atawa embe.

24Gajih sato anu paeh sorangan atawa paeh lantaran ditekuk sato galak, teu meunang didahar tapi bisa dipake pikeun kaperluan sejen.

25Anu ngadahar gajih sato anu bisa dijieun kurban kadaharan haturan PANGERAN, teu meunang diaku deui umat Allah.

26Urang Israil di mana bae teu meunang nyieun dahareun tina getih manuk atawa sato lianna.

27Anu ngalanggar teu meunang diaku deui umat Allah.

28PANGERAN ngandikakeun ieu aturan ka Musa

29pikeun urang Israil. Saha-saha anu boga kurban panarima, sabagian kurbanna hususkeun haturan PANGERAN.

30Kurban kadaharanana sanggakeun ku leungeun sorangan. Gajih jeung dada sato kurbanna haturkeun ka PANGERAN, jadi pangbakti husus.

31Gajihna ku imam kudu diduruk dina altar, dadana pikeun para imam.

32Pingping tukangna anu katuhu husus dermakeun

33ka imam anu ngurbankeun getih jeung gajih eta kurban panarima.

34Dadana jadi pangbakti husus, ari pingping tukangna nu katuhu ku PANGERAN geus ditangtukeun ka urang Israil pikeun didermakeun ka para imam. Eta kitu anu ku urang Israil kudu dibikeun ka imam-imam, salilana.

35Kitu bagian Harun sapala putra tina sagala kurban anu dihaturkeun ka PANGERAN, anu diandikakeun dina poean aranjeunna diangkat.

36Harita PANGERAN nimbalan ka urang Israil yen kudu mere bagian saperti kitu ka aranjeunna. Ieu katangtuan ku urang Israil kudu dilakonan saterusna.

37Kitu aturan-aturan hal kurban beuleuman, kurban kadaharan, kurban pamupus dosa, kurban kasalahan, kurban pangistrenan, jeung kurban panarima.

38Kitu timbalan PANGERAN ka Musa di Gunung Sinai di tanah gurun, dina poean anjeunna ngembarkeun aturan-aturan kurban pikeun urang Israil.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Imamat 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel