Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Imamat 9 >> 

1Dina poe kadalapanna, nya eta sanggeus beres upacara ngistrenan, Musa nyaur Harun sapala putra jeung para kokolot Israil.

2Tuluy misaur ka Harun, "Ajengan kedah nyandak anak sapi jalu hiji keur kurban pamupus dosa, sareng domba jalu, duanana kedah anu mulus keur kurban beuleuman.

3Urang Israil parentahkeun sina ngabantun embe jalu keur kurban pamupus dosa, anak sapi umur sataun hiji, sareng anak domba umur sataun hiji, masing-masing ulah aya cacadna, keur kurban beuleuman,

4sapi jalu hiji, domba jalu hiji, keur kurban panarima. Ku maranehna kedah dikurbankeun ka PANGERAN, barengkeun sareng kurban kadaharan anu dicampur minyak. Margi dinten ieu PANGERAN bade nembongan ka urang Israil."

5Sakur anu dipundut ku Musa geus sadia di hareupeun Kemah Tepangan. Urang Israil oge geus kumpul rek ngabakti ka PANGERAN.

6Musa sasauran, "Maraneh ku PANGERAN ditimbalan kieu teh supaya engke narenjo kamulyaan Mantenna."

7Saurna deui ka Harun, "Geura ngadeg caket altar, ngadamel kurban pamupus dosa sareng kurban beuleuman keur nyirnakeun dosa anjeun sareng dosa urang Israil. Kurban keur nyirnakeun dosa maranehna oge sanggakeun sakumaha timbalan PANGERAN."

8Harun majeng kana altar tuluy meuncit sapi ngora tea keur kurban pamupus dosa anjeunna.

9Getihna disodorkeun ku putra-putrana, clom anjeunna nganclomkeun ramo kana getih tuluy dioleskeun kana juru altar, kana tatandukanana. Getih sesana dibahekeun kana dasar liang altar.

10Gajih, giginjel duanana jeung babagian ati anu pangalusna diduruk dina altar numutkeun timbalan PANGERAN ka Musa.

11Ari daging jeung kulitna dibeuleumna di luareun pasanggrahan.

12Ti dinya Harun meuncit sato kurban kasalahan keur nebus kaluluputan salirana. Getihna ku putra-putrana disodorkeun ka anjeunna. Eta getih ku anjeunna disiramkeun kana pongpok altar sakurilingna.

13Sirah jeung babagian lianna ku putra-putrana disodorkeun ka anjeunna tuluy ku anjeunna dibeuleum dina altar.

14Jeroan jeung pingping tukang duanana ku anjeunna dikumbah tuluy dibeuleum dina altar, dihijikeun jeung kurban beuleuman anu tadi.

15Sanggeus eta tuluy nyanggakeun kurban pikeun urang Israil. Anu dikurbankeun pikeun nebus dosa maranehna nya eta embe. Embena dipeuncit tuluy dikurbankeun sakumaha halna kurban pikeun nebus dosana ku anjeun.

16Geus kitu anjeunna nyandak deui sato pikeun kurban beuleuman, tuluy dikurbankeun sakumaha mistina.

17Ti dinya anjeunna nyanggakeun kurban kadaharan. Tipungna dicandak sakeupeul tuluy dibeuleum dina altar, keur nambahan kurban kadaharan nu biasa sapopoe.

18Geus kitu meuncit sapi jeung domba jalu tea, dijieun kurban panarima pikeun urang Israil. Getihna diasongkeun ka anjeunna ku putra-putrana, ku anjeunna disiramkeun kana pongpok altar sakurilingna.

19Gajih sapi jeung gajih domba ku Harun diteundeun

20dina luhur dada dua sato kurban tea, tuluy dibawa kabeh kana altar. Ari gajihna ku Harun diduruk dina altar.

21Dada jeung pingping tukang kabeh disanggakeun ka PANGERAN, engkena jadi bagian pikeun para imam sakumaha anu dipiwarang ku Musa.

22Sanggeus sagala kurban beres dijalankeun, Harun ngajungjungkeun panangan ka urang Israil, ngucapkeun berkah. Geus kitu jut lungsur.

23Ti dinya Musa jeung Harun lalebet ka jero Kemah Tepangan. Barang kaluar deui seug aranjeunna ngucapkeun berkah pikeun urang Israil. Geus kitu bray bae kamulyaan PANGERAN nembongan ka sakabeh urang Israil.

24Gur aya seuneu ti PANGERAN nyamber jeung ngalebur kurban beuleuman jeung gajih dina altar. Barang urang Israil narenjo hal eta, ger bae sarurak, tuluy sarujud.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Imamat 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel