Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 21 >> 

1PANGERAN netepan jangji-Na ka Sarah.

2Sarah bobot terus ngababarkeun putra pameget ti Ibrahim, waktu Ibrahim geus sepuh pisan. Ari dilahirkeunana cocog dina waktu anu geus didawuhkeun ku Allah.

3Ku Ibrahim dijenenganan Ishak.

4Sanggeus yuswa dalapan poe, murangkalih ku Ibrahim disepitan numutkeun timbalan Allah tea.

5Yuswa Ibrahim waktu Ishak lahir saratus taun.

6Sarah sasauran sorangan, "Aing ku Allah dipaparin kabungahan, tapi pikaseurieun. Sarerea oge mun ngadenge ieu kajadian tangtu sareuri kawas aing."

7Saurna deui, "Bareto mah saha nu rek amang-omong ka Ibrahim yen Sarah bakal nyusuan anak sorangan? Tapi ayeuna, waktu Ibrahim geus sakitu sepuhna, geuning aing bisa boga anak, heug budak teh lalaki deuih."

8Murangkalih beuki ageung. Sanggeus waktuna disapih, ku Ibrahim dipestakeun, hajat gede.

9Dina hiji poe, Ismail putra ti Hajar urang Mesir, ameng jeung Ishak putra ti Sarah.

10Ana katingali ku Sarah, seug Sarah sasauran ka Ibrahim, "Hajar teh sareng anakna tundung bae. Anakna ulah dipasihan warisan naon-naon. Ka anak abdikeun sadayana, warisan mah."

11Atuh Ibrahim pohara ngungun manahna, kawantu Ismail oge putra.

12Tapi aya pangandika Allah ka Ibrahim, "Hajar jeung anakna teu kudu dipake susah. Pamenta Sarah turutkeun bae. Sabab memangna oge nya Ishak anu baris ngarundaykeun turunan anu ku Kami disebut dina perjangjian Kami teh.

13Tapi budak anu ti Hajar oge ku Kami tangtu dibere turunan nu rendey, malah baris jadi hiji bangsa, da eta oge anak maneh."

14Isukna isuk-isuk keneh Ibrahim nyayagikeun roti jeung cai sakimpul dipaparinkeun ka Hajar. Ismail ku anjeunna dipangkon tuluy disina dipunggu ku Hajar sarta Hajar dijurung laku. Hajar miang, satuluyna kasasar di tanah gurun Bersyeba.

15Barang cai bekelna geus beak pisan, sot Hajar ngecagkeun Ismail di handapeun hiji rungkun, tuluy leumpang ngajauhan.

16Sanggeus jauhna kira-kira sapamaledog, brek bae diuk bari ngomong sajeroning batinna: "Aing moal kuat nenjo anak paeh." Segruk bae Hajar teh ceurik.

17Eta budak teh ceurik sarta kadangu ku Allah. Lajeng malaikat PANGERAN ti langit ngagentraan ka Hajar, saurna, "Ku naon Hajar nalangsa? Ulah susah-susah. Allah geus ngadangu ceurikna eta budak.

18Geura cengkat, pangku budak teh, combo. Eta budak rek dijadikeun hiji bangsa gede."

19Ku karana Allah, bray panon Hajar jadi awas, breh ningal aya hiji cinyusu. Geuwat Hajar nyiuk cai kana kimpul, terus murangkalih teh diinuman.

20Eta murangkalih ditangtayungan ku Allah nepi ka sawawa, hirup matuh di tanah gurun Paran, jadi paninggaran anu ahli.

21Ku ibuna dijodokeun ka hiji mojang ti Mesir.

22Geus kitu Abimelek nepangan ka Ibrahim, disarengan ku Pikol, panglima angkatan perangna, seug sasauran ka Ibrahim, "Sugri anu dipidamel ku salira, kenging berkah ti Allah.

23Kitu nu mawi, disuhunkeun supados salira jangji kalayan sumpah demi Allah yen moal midamel curang ka sim kuring, ka anak-anak sareng incu buyut sim kuring. Sim kuring parantos nawiskeun persetya ka salira. Salira oge mugi nawiskeun persetya ka sim kuring sareng ka ieu tanah tempat salira ngumbara."

24Seug Ibrahim sumpah, "Sim kuring jangji."

25Geus kitu Ibrahim ngagugat perkara hiji sumur anu direbut ku ponggawa-ponggawa Abimelek.

26Waler Abimelek, "Sim kuring teu terang yen aya perkawis kitu. Nembe nguping ayeuna da tadi-tadina henteu wawartos."

27Ti dinya Ibrahim nyandak domba jeung sapi sababaraha sele, diserenkeun ka Abimelek. Terus aranjeunna meungkeut hiji perjangjian.

28Ibrahim misahkeun deui tujuh sele domba kagunganana.

29Ku Abimelek ditaros, "Dupi eta kanggo naon?"

30Waler Ibrahim, "Ieu anak domba tujuh sele mugi ditampi ku salira, kanggo tawis yen salira teu kaabotan ku perkawis eta sumur, yen sim kuring anu ngalina."

31Ku kituna eta sumur pada nyarebut Bersyeba, dumeh eta dua jalmi pada meungkeut sumpah di dinya.

32Sanggeus mareungkeut perjangjian di Bersyeba, Abimelek jeung Pikol panglima angkatan perangna marulih deui ka tanah Pelisti.

33Ari Ibrahim di Bersyeba ceb melak hiji tangkal korma, nya ti mangsa harita, eta tempat dipake nyambat pajenengan PANGERAN, Allah Nu Maha Langgeng.

34Ibrahim lila pisan matuhna di eta tanah Pelisti.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel