Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 33 >> 

1Esau jeung opat ratus baladna geus beh katembong. Gancang Yakub ngabagi-bagikeun putrana ka ibuna masing-masing, ka Lea, ka Rahel jeung ka emban-emban.

2Emban-emban jeung putra-putrana ditempatkeun beulah hareup. Lea jeung putra-putrana satukangeun eta. Rahel jeung Yusup pangtukangna.

3Ari Yakub maju pangheulana seja nepangan Esau. Ti kajauhan keneh anjeunna sujud deui sujud deui nepi ka tujuh kali.

4Tapi Esau lumpat muru, terus ngarangkul jeung nyiuman. Aranjeunna silih tangisan.

5Ret Esau ka wanita-wanita jeung marurangkalih, pok mariksakeun, "Ari eta saha, rai?" Walon Yakub, "Sumuhun pun anak, paparin Allah ka jisim abdi."

6Ser dua emban jeung marurangkalih ngadareuheusan ka Esau, terus marando.

7Ser deui Lea jeung marurangkalih, seug marando. Ahirna Rahel jeung Yusup, ngadeuheusan.

8Esau mariksa deui, "Tadi Akang ningal rombongan sejen. Kumaha eta teh maksudna?" Walon Yakub, "Sumuhun, eta sumeja kahaturkeun ka gamparan, pamugi ditampi."

9Saur Esau, "Akang geus ngarasa cukup. Sing tetep-tetep bae eta mah di rai."

10Walon Yakub, "Sanes kitu. Saupami leres gamparan ngangken ka jisim abdi, eta pangbakti mugi ditampi. Ningal pameunteu gamparan, jisim abdi mah asa ningal pameunteu Allah.

11Ulah dugi ka teu ditampi eta pangbakti ti jisim abdi. Jisim abdi ku Allah parantos dipaparin pirang-pirang berkah, dugi ka gaduh sagala rupi." Ku sabab dikeukeuhan, tungtungna ku Esau ditampi.

12Saur Esau, "Hayu atuh urang terus, Akang ti hareup."

13Tapi saur Yakub, "Gamparan langkung tingali, eta barudak parantos lalungse. Domba sareng sapi sanesna eta oge jadi emutan, tur anak-anakna aralit keneh. Upami dipaksa dibantun gancang, sadinten oge tangtos pararaeh sadayana.

14Mangga gamparan mulih ti payun. Abdi tangtos nuturkeun lalaunan, sagancang-gancang lakuning barudak sareng ingon-ingon, seja ngetruk dugi ka panglinggihan gamparan, di Edom."

15Saur Esau, "Lamun sapuk, ieu balad Akang sawareh sina maturan." Walon Yakub, "Kasaean gamparan estu katampi. Nanging teu perlu dugi ka kitu."

16Poe eta keneh Esau mulih deui ka Edom.

17Tapi Yakub anggur terus ka Sukot. Di dinya anjeunna ngadamel bumi kitu deui kandang-kandang keur ingon-ingon. Nya ku lantaran kitu eta tempat disebut Sukot, anu hartina kandang.

18Ti dinya, samulihna ti Mesopotami teh Yakub cunduk ka kota Sekem di tanah Kanaan. Tuluy masanggrahan di hiji lahan hareupeun eta kota.

19Saterusna eta lahan digaleuh sabagian ti rundayan Hemor, bapana Sekem, ku pangaji saratus potong perak.

20Ti dinya anjeunna ngadamel altar, dingaranan "El, Allah Panutan Israil".


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 33 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel